NYUKURAN BUUK OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

NYUKURAN BUUK OROK DINA POE KA 7 ATAWA DINA POENAN EQAH

Hukumna Nyukur Buuk Orok

Nurutkeun hadits Samuroh bin Jundub, nyukur buuk orok dihukuman Sunnah Mu'akkadah.

Ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).

Aturan Dina Nyukur Buuk Orok

Buuk orok kudu dicukur seep, ulah disesakeun sanajan saeutik, margi Nabi SAW parantos ngalarang nyukur buuk orok sacara Qoza', tegesna buuk orok henteu diseepkeun, ngan wungkul sabahagiannana anu dicukur.

Ibnu Umar ra ngadawuh: "Rosululloh SAW ngalarang motong buuk sacara qoza'".
(HR.Bukhori 5920, Muslim 2120).

Fatimah binti Muhammad rah nyarioskeun Nabi SAW ngadawuh: "Cukuran buuk (orok), jeung sidqoh ku perak ka jalma miskin sabeurat timbangan buukna".
(HR.Thobroni dina Mu'ajamul Kabir 1/121/2, Baihaqi 9/304)
-
MERE NGARAN KA OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

Ti Anas bin Malik ra, ngadawuh Nabi SAW: "Geus dilahirkeun keur kaula peuting tadi saurang budak lalaki, mangka kaula ngaranan eta orok ku ngaran bapa kaula nyaeta Ibrohim".
(HR.Muslim 7/76).

Ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).
-
KASIMPULAN

Adab-adaban pikeun ngurus orok anu kakara dilahirkeun nyaeta:

1
Ngaazanan kana ceulina dina waktu eta orok kakara brol sarta geus dibersihan.

Nu ngaazanan, bisa ku bapana atawa ku lalaki nu aya di dinya. Mun teu aya lalaki, teu nanaon teu diazanan ge.

2
Ngatahnikkeun eta orok sarta didu'aan.

Mun mah kolotna eta orok geus nyiapkeun pingaraneun keur eta orok, mangka syahkeun dina waktu eta samemeh eta orok teu acan ditahnik. Mun mah geus diaranan, kakara ditahnik jeung dido'aan.

Mun mah dina waktu eta kolotna can persiapan ngaran keur eta orok, mangka diaranannana dina waktu pelaksanaan aqiqahna.

Jeung dina mere ngaranna, kudu ku ngaran anu alus sarta anu islami.

3
Mun mah eta orok geus beres ditahnik jeung didu'aan, mangka bejaan batur yen eta orok geus lahir sarta salamet.

4
Dina poe eta orok geus nincak kana 7 poena, mangka laksanakeun meuncit aqiqahna. Mun orok lalaki ku 2 domba, mun orok awewe ku 1 domba, sarta dina waktu harita dicukuran buukna jeung dibere ngaran mun mah can diaranan dina waktu ditahnik.

Mun mah dina poean ka 7 can boga dombana, mangka aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 8, 10, 14, jeung poe nu ka 21.

Mun mah nepi ka poe ka 21-na kakara boga 1 domba keur orok lalaki, mangka syah 1 ge, sarta cupar kawajibannana, asal bener-bener geus diusahakeun, teu kudu meuncit deui nyampurnakeun dina waktu nu lain. Mun mah henteu ge ngaaqiqahan alatan bener-bener teu mampu, mangka teu jadi dosa.

5
Syarat domba keur aqiqah sarua jeung syarat domba keur qurban, nyaeta kudu sehat, teu cacat jeung eta domba geus cukup umurna.

6
Daging domba aqiqah nu geus dipeuncit, usahakeun tulang-tulangna ulah dicacag, terus dagingna jeung tulangna dipasak
kunu boga eqah. Mun geus asak, kakara dibagikeun. Ngan pikeun indung jeung bapana eta orok (anu eqahna), teu meunang ngadahar daging domba anu dieqahannana.

7
Mun mah nu boga eqah kaasup jalma nu beunghar, mangka teu jadi halangan hewan keur aqiqahna tina domba diganti ku onta atawa sapi, nu penting syaratna keur saurangeun, lain keur 7 urangeun.

8
Dina waktu eqahan ge, eta orok dicukur buukna, ulah disesakeun sanajan salambar ge. Mun mah teu bisa dina waktu eta dicukuran nepi ka seep buukna, mangka bisa dina poe isukna, nu penting dina poe eqahan dilaksanakeun upacara nyukur buuk.

9
Mun mah eta orok geus dicukuran (geus dibotakan), mangka buukna timbang ku ukuran gram, terus kaluarkeun sidqoh saharga timbangan buuk eta orok ku perak atawa duit. Sidqohna bikeun ka faqir-miskin atawa ka jalma anu pantes narimana.

*****