Hikmah Perbedaan Pemahaman

Tina pirang-pirang perbedaan dina pemahaman, kasimpulana gumantung kana kayakinan diri pribadi, kamana jeung rek nu mana anu bade dicepeng, da arahan mah geus aya, sanajan bid'ah-bid'ah ge, lantaran lain salah jeung benerna elmu anu bakal wushul ka Allah, tapi kayakinanana anu bakal ditampi ku Allah, da amal perbuatan hiji hamba mah, alus jeung gorengna, eta tanggung jawab dirina sorangan ka Pangerana.

Allah ngadawuh dina Hadits Qudsi anu diriwayatkeun ku Abu Hurairoh: "Ari Kami gumantung kana sangkaan hamba Kami ka Kami, sarta Kami marengan manehna nalika manehna inget ka Kami. Mun manehna inget ka Kami dina dirina, mangka Kami inget ka manehna dina diri Kami. Mun manehna inget ka Kami dina gempungan jalma, mangka Kami inget ka manehna dina gempungan anu leuwih alus batan eta. Mun manehna ngadeukeutan ka Kami sajeungkal, mangka Kami ngadeukeutan manehna sadeupa. Mun manehna datang ka Kami kucara leumpang, mangka Kami datang ka manehna kucara gagancangan".
(Hadits ditakhrij ku Ibnu Majah).

Dina hiji riwayat nu shoheh diterangkeun, yen imam Masjid Quba maca surat Al-Ikhlas dina tiap rakaat sarengsena maca fatihah, terus maca surat nu lain, mangka ma'mumna nyu'al naha surat Al-Ikhlas disadarajatkeun jeung fatihah. Eta imam kumeukeuh sarta teu daek ngarubah. Wartos didugikeun ka Rosul SAW, sarta Rosul SAW ngagero sarta naros ka eta imam. Mangka imam Masjid Quba ngawaler bari teu dibarengan ku dalil. Saurna: "Jisim abdi banget micinta kana surat Al-Ikhlas...!". Mangka Rosul SAW ngadawuh: "Cinta anjeun kana surat Al-Ikhlas bakal nganteurkeun anjeun asup ka suwarga".
(HR.Bukhori).

Malah dina hadits nu sanes Rosululloh SAW henteu ngalarang migawe perkara anu alus, sakira-kira eta perkara henteu nyulayaan kana syari'ah, sakumaha dawuhanana: "Sing saha anu ngaayakeun perkara anyar anu alus dina islam, mangka keur manehna ganjaranana jeung ganjaran jalma anu turut ka manehanana malah teu ngurangan sanajan saeutik tina ganjaranana. Jeung sing saha ngaayakeun perkara anyar anu goreng dina islam, mangka keur manehna dosana jeung dosa jalma anu turut ka manehanana, malah teu ngurangan sanajan saeutik tina dosana".
(HR.Muslim 1017, Ibnu Khuzaimah, Baihaqi, Ad-Darimiy, jeung Ibnu Hibban).

Hikmahna, Rosululloh ngajarkeun dina eta hadits supaya umat islam bisa jeung daek ngigelan zaman ku perkara-perkara anu hade anu sapagodos jeung zaman kalawan henteu kaku.

Hikmahna tina perbedaan ngajadikeun umat islam tambah teuleum dina ngaguar pengetahuan kaislaman anu banget jerona, sahingga tambah-tambah elmuna oge tambah luas pikirana dina nganyokong kayakinanana.

Wallohu A'lam
-