NGA'AQIQAHKEUN OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN


AQIQAH



Istilah Aqiqah



Nurutkeun istilah, aqiqah hartina nyaeta meuncit domba keur orok dina poe ka 7 tina poe lahirna.



Dalilna Aqiqah



Nabi SAW nyare'atkeun aqiqah dina fi'il (padamelan anjeuna) jeung qoulna (ucapan anjeuna).

Dina fi'ilna, Nabi SAW ngaaqiqahkeu incuna anu nyatana Hasan sareng Husain, anu diriwayatkeun ti Abdulloh bin Abbas ra: "Saestuna Rosululloh SAW parantos nga'aqiqahkeun kangge Hasan sareng Husain (anu sewang-sewang) ku 2 kibasy".
(HR.Nasi 4219).

Aisyah rah ngadawuh: "Saestuna Rosululloh SAW tos marentahkeun ka maranehna supaya ngalaksanakeun aqiqah keur orok lalaki 2 ekor domba anu sarupa, jeung keur orok awewe saekor domba".
(HR.Tirmidzi 1513).

Ti Salman bi Amir Ad-Dhabiy, Nabi SAW ngadawuh: "Aqiqah dilaksanakeun alatan aya orok nu dilahirkeun, mangka peuncit hewan jeung leungitkeun sakabeh gangguan tina dirina eta orok".
(HR.Bukhori 5472).


Hukumna Aqiqah


Nurutkeun kaseuseueurannana ulama, aqiqah dihukuman sunnah (dijelaskeun dina Al-Muwaththa Al-Imam Malik jeung dina Syarhus Sunnah Al-Baghowi).

Tatapi Imam Hasan Al-Bashri jeung Imam Al-Laits ngahukuman wajib, anu dumasar kana hadits "kullu ghuli mim murtahanun bi 'aqiqotihi (tiap-tiap budak kagade kana aqiqahna), tegesna saurang budak katahan syafa'atna keur indung-bapana nepi ka ngalaksanakeun aqiqah.



Waktuna Aqiqah



Nurutkeun Imam Nawawi dina Majmu' Syarah Muhadzdzab 8/431, aqiqah disyareatkeun dilaksanakeun dina poe ka 7, nyaeta ti poenan dilahirkeun ditambah 6 poe kahareupna. Misalna: mun eta orok dilahirkeun poe sabtu, mangka meuncit aqiqahna poe juma'ah.

Aisyah rah sareng Imam Ahmad ra gaduh pendapat, yen aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 7, 14, jeung poe nu ka 21.

Anapon Imam Malik ra gaduh pandangan, yen aqiqah anu dikaksanakeun dina poe ka 7 ngan sakadar sunnah, jadi aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 4, 8, 10, atanapi dina poe saba'dana ti eta diwenangkeun (mubah).



Hewan Aqiqah



Anu disunnahkeun dipeuncit nyaeta domba anu sehat jeung teu cacat, oge geus nincak umurna anu disyare'atkeun ku agama.

Salian domba, hewan aqiqah ge bisa diganti ku onta atawa sapi kalawan syaratna eta unta atawa sapi tetep disyareatkeun keur saurangeun, sanes keur 7 urangeun.



Seuerna Hewan Aqiqah Nu Dipeuncit


Aisyah rah nyarioskeun Nabi SAW ngadawuh: "Aqiqahna orok lalaki 2 domba anu sarupa, jeung orok awewe 1 domba".
(HR.Ahmad 2/31, 158, 251, Tirmidzi 1513, Ibnu Majah 3163).

Saur Ibnu Abbas parantos ngadawuh Nabi SAW: "Aqiqahna Hasan jeung Husain ku hiji domba jeung hiji domba".
(HR.Abu Dawud 2841, Ibnu Jarud dina Al-Muntaqo 912, Thobroni 11/316).

Hikmahna tina eta dua hadits anu masing- masing patukang tonggong bisa jadi pelajaran, yen pikeun muslim nu gaduh orok lalaki, anu gaduh niat nyumponan syari'at Rosul ngalaksanakeun aqiqah, satekah polah nyiar usaha pikeun meuncit aqiqah ku 2 domba dina waktuna. Tapi mun dina usahana dina poe ka 7 umur orokna, ditakdirkeun ngan kapeser 1 domba, mangka eta ge tos nyumponan kana syare'atna, nu penting tos aya usahana pikeun nyumponanna.


Daging Aqiqah


Nurutkeun Ibnul Qoyyim Al-Jauziyyah dina Tuhfatul Wadud, daging aqiqah kenging dituang sabagian kunu aqiqah, jeung sabahagian deui dipasihkeun ka tatangga, faqir-miskin
jeung dituang sasarengan dina riungan aqiqah.

Oge sabahagian pendapat, dina pembagian daging aqiqah beda jeung qurban. Mun dina qurban, dagingna dibagikeun atah, mangka dina aqiqah mah dibagikeunnana dina kaayaan geus dipasak heula kunu aqiqah.

Oge aya anu gaduh pandangan, yen dina meuncit aqiqah, dina ngurusna tulang-tulah aqiqah ulah dipotong-potongkeun, maksudna ngudag kana hikmah tafa'ul (hareupan) pikeun kasalametan anggota badan orok anu di'aqiqahkeun.

Nurutkeun sabahagian ulama nu sanesna, daging aqiqah teu kenging dituang kunu aqiqah, sadayana kedah dipasihkeun kanu sanes, margi dumasar kana hadits ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).

Dina eta hadits disebatkeun kagade, hartina kudu aya alat keur nebusna atawa keur kifaratna, mangka sakur-sakur alat kifarat teu kenging dipake deui kunu ngalaksanakeun kifaratna sanajan saeutik (wallohu a'lam).



Nga'aqiqahan Diri Sorangan



Aya sagolongan nu boga paham, yen dikengingkeun nga'aqiqahan dirina sorangan mun dina waktu keur orokna teu acan di'aqiqahan, dumasar kana hadits anu diriwayatkeun ku Anas: "Rosululloh SAW nga'aqiqahan dirina sorangan saba'dana anjeuna diistrenan janten nabi".
(HR.Abdur Rozaq jeung Abu Syaikh).

Hadits ieu ditentang ku kalolobaannana ahli hadits anu ngahukuman kana ieu hadits teh dlo'f mungkar.


***