MASALAH KUKU

Dina ajaran Islam, kuku dianjurkeun dipotong nepi ka pendek jeung teu dimeunangkeun dikukut nepi ka panjang, lantaran seuer pisan mudhorotna mun diantep nepi ka panjang.

I. Mudhorotna Kuku Anu Panjang

Diantara mudhorotna kuku mun dipanjangkeun teh nyaeta:

1
Kuku nu panjang bisa nyimpen kotoran jeung nyebabkeun pirang-pirang panyakit, utamana mah panyakit kusta, alatan ceuk elmu medis mah kuku nu panjang teh sok ngumpul kuman E-Coli anu eta kuman biasana aya dina tinja jalma, anu eta kuman teu bisa kitu bae leungit sanajan eta kuku dikumbah ku cai jeung sabun.

Malah dina Kitab Al-Fatawal Hindiyah dina mazhab Hanafi dimakruhkeun motong kuku ku huntu alatan dipikasieun nyebabkeun panyakit kusta.

2
Kokotor anu napel dina kuku anu panjang bisa jadi ngahalangan ngalirna cai kana anggahota wudlu jeung badan nalika wudlu jeung mandi junub.

3
Kuku anu panjang bisa dijadikeun tempat nyayangna syetan.

Nabi SAW pernah naros ka iblis: "Di mana maneh ngiuhan anak-anak maneh nalika usum halodo?". Dijawab ku iblis: "Dina handapeun kuku manusa".
(HR.Muadz bin Jabal ti Ibnu Abbas).

II. Adab Motong Kuku

1
Kuku ulah diantep manjangan salila 40 poe saba'dana dipotong kukuna.

Ngadawuh Anas bin Malik: "Tos ditangtoskeun waktosna ka kami nyukur kumis, motong kuku, nyabut bulu kelek jeung bulu ari-ari supaya kami teu ngantep nepi ka 40 peuting".
(HR.Muslim).

2
Disunnahkeun motong kuku dina poe senen, kemis jeung juma'ah.

Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh ra: "Saestuna Rosululloh SAW motong kuku jeung nyukur kumis dina poe juma'ah samemeh anjeuna kaluar pikeun netepan (jum'ah)".
(HR.Al-Bazzar jeung Thobroni).

Diriwayatkeun ku Abu Sa'id Al-Khudri jeung Abu Hurairoh ra: "Saha-saha anu mandi dina poe juma'ah, motong kuku, make seuseungitan sarta make pakean anu pangalusna, terus kaluar ti imah sahingga nepi ka masjid manehna henteu ngalengkahan jalma-jalma anu geus aya dina shof (barisan), terus maneh sholat (sunnat) naon bae sarta cicing nalika imam keur khutbah sarta jempé nepi ka anggeus sholat, mangka eta jadi tetebus dosa ti juma'ah ka juma'ah saméméhna".
(HR.Ahmad).

Nurutkeun Ibnu Hajar ra, disunnatkeun motong kuku dina poe kemis, atawa dina poe juma'ah isuk-isuk, atawa dina poe senen.

Nurutkeun Imam Syafi'i, disunnatkeun motong kuku samemeh sholat juma'ah sarengsena mandi, ngosok huntu, make seuseungitan sarta make baju samemeh ka masjid.

Malah hiji hadits anu diriwayatkeun ku Syekh Baijuri jeung Ibnur Rifah nyarioskeun Rosululloh SAW parantos ngadawuh: "Sing saha anu motong kukunana dina poe:
1) Sabtu: Mangka kaluar tina awakna obat jeung asup kana dirina panyakit.

2) Minggu: Mangka kaluar tina dirina kabeungharan jeung asup kamiskinan.

3) Senen: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo jeung asup sehat.

4) Salasa: Niscaya kaluar tina dirina sehat jeung asup panyakit.

5) Rebo: Niscaya kaluar tina dirina was-was jeung asup kana dirina kahinaan.

6) Kemis: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo sarta asup kana dirina cageur tina panyakit.

7) Juma'ah: Niscaya kaluar dosa-dosana seperti nalika dilahirkeun ku indungna sarta asup kana dirina Rahmat ti Allah Ta'ala.

3
Urut potongan-potongan kukuna disunnatkeun dikubur.

Perkara ieu parantos diriwayatkeun dina Kitab Fathul Bari nalika Ibnu Umar ra anu ngubur potongan kukuna.

III. Larangan-Larangan Anu Ngeunaan Dina Kuku

1
Diharamkeun ngawarnaan kuku, kacuali awewe anu geus meunang izin ti salakina sarta pewarna kukuna kudu ku bahan tina pacar (inai), sarta sunnat dipake nalika ihrom dina sakabeh dampal leungeun nepi ka geugeulangna, oge disunatkeun oge eta pacar diusapkeun saeutik kana beungeutna, ngarah wajah jeung dampal leungeun anu muka ka tutup ku warna pacar nalika ihrom.

2
Dilarang pikeun jalma anu niat meuncit kurban motong kuku, buuk jeung bulu-bulu dina awakna dina 10 poe awal bulan Dzulhijjah nepi ka dipeuncit kurbana.

Nabi SAW ngadawuh: "Mun 10 poe kahiji (bulan dzulhijjah) geus asup sarta salah saurang di antara maraneh rek kurban, mangka ulah neukteuk buuk jeung kulitna sanajan saeutik nepi ka dipeuncit kurbana".
(HR.Muslim).

3
Dilarang motong kuku nalika Haid, nifas jeung junub.

Nurutkeun kitab Al-Ihya teu meunang neukteuk buuk, kuku atawa ngaluarkeun getih atawa neukteuk naon bae tina badana samemeh mandi junub, lantaran eta potongan-potongan bakal balik deui dina kaayaan junub.

Kacuali henteu dilarang motong kuku atawa nyukur buuk jeung bulu nalika keur hed, nifas jeung junub, asal eta potongan-potongan kukuna atawa buuk jeung buluna dikumpulkeun sarta disimpeun pikeun diilukeun nalika mandi junub, sakumaha anu tos jadi adat dina mazhab Syafi'i.

Anu dilarang pikeun jalma anu haid, nifas jeung junub teh nyaeta:

1) Sholat
2) Puasa
3) Sujud Tilawah
4) Thowaf
5) Zima
6) Asup jeung i'tikaf di jero masjid.

4
Ulah motong kuku nalika ihrom haji jeung umroh, kacuali samemehna haji atawa umroh.

***