ADAB NGURUS OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

NGAADZANAN OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

Ti 'Ubaidulloh bin Abi Rofi', nyarioskeun ramana (Abu Rofi) ngadawuh: "Kaula kungsi nempo Rosululloh adzan dina ceulina Hasan bin Ali nalika dilahirkeun ku Fatimah".
(HR.Abu Dawud 5105, Tirmidzi 1514, jeung Baihaqi 9/305).

Eta hadits ku sabahagian golongan ulama ahli hadits sanadna dihukuman dlo'if. Pon kitu deui 2 hadits anu nga-syahidkeun eta hadits dianggap maudhu' (palsu).

Tina eta dua pandangan ngahukuman kana eta hadits jadi isyarah ti Allah SWT kangge kaum muslimin, golongan nu mana anu saluyu jeung kayakinan urang, hartina urang bebas ngayakinan kangge milih salah sahiji golongan (wallohu a'lam).
-
NGATAHNIKEUN OROK NALIKA LAHIR

Nurutkeun Kitab Fathul Bari Kitabul 'Aqiqah, Tahnik nyaeta ngalamot dahareun, gula, madu jeung sajinis ti eta tuluy diusap-usapkeun kana lalangit bahamna eta orok.

Dina Syarah Muslim Kitabul Adab, Imam Nawawi geus sapakat jeung para ulama sejenna, yen tahnik teh kaasup sunnah Nabi SAW.

Dalilna ti Abu Musa ra: "Tos dilahirkeun keur kaula orok lalaki, terus ku kaula dibawa ka Nabi SAW, anu salajengna anjeuna ngaranan eta orok Ibrohim, lajeng anjeuna ngatahnikkeun eta orok ku nuang sasiki buah kurma sarta ngadu'akeun kaberkahan keur eta orok, terus mulangkeun deui eta orok ka kaula".
(HR.Bukhori 5467 jeung Muslim 6/175).

Dina eta hadits Nabi SAW ngadu'akeun ku kaberkahan keur eta orok saba'dana eta orok ditahnik.

Dina kitab Fathul Bàri no.3909, Ibnu Hajar ra nuliskeun lafadz du'ana: "bàrokallòhhu fìhì.....(Mugi berkah Allah ka anjeuna.....)", atawa "allòhhumma bàrik fìhi.....(Ya Allah, mugi diberkahan anjeuna.....)".

Nu dimaksud berkah nurutkeun Syekh Utsaimin dina Qoulul Mufid 'Ala Kitabit Tauhid nyaeta: Tetepna Kahadean jeung Seueurna Kahadean.
-
MERE KABAR PERIHAL KELAHIRAN

Dina Kitab Tuhfah Al-Wadud - Ibnul Qoyyim Al-Jauziyyah diterangkeun sunnahna mere kabar perihal kelahiran orok nu geus dilahirkeun ka tatangga, dulur jeung karabat anu deukeut jeung anu jauh supaya bisa ngadatangkeun berkah kagumbiraan.

Malah dina sababara ayat Al-Quran, Allah SWT ngauningakeun perkara eta, anu di antarana dina surat Ash-Shofat : 101,
Adz-Dzariyat : 28,
jeung dina surat Maryam : 7.

Allah SWT ngadawuh: "Mangka Kami mere kabar gumbira kamanehna ku lahirna saurang anak anu sabar".
(Ash-Shofat:101).
-