Adab Nalika Wancik Sareupna


NUTUP JANDELA JEUNG PANTO SARTA WADAH DAHAREUN NALIKA WANCIK SAREUPNA


Mun geus wancik sareupna, panto jeung jandela imah tutup-tutup, sarta mun mah rek sare, pareuman seuneu jeung lampu-lampu anu tina cempor (kacuali lampu anu tina listrik), jeung tutupan wadah-wadah.

Dalilna hadits anu diriwayatkeun ku Jabir ra, Nabi Muhammad SAW pernah ngadawuh: "Nalika peuting turun (wancik sareupna), deukeut-deukeutkeun barudak ka maraneh, lantaran eta teh waktuna setan keur guntayangan. Mun mah geus aya sajamna, kakara meunang dileupaskeun deui eta barudak teh. Jeung tutup panto-panto imah maraneh bari disebut Asma Allah. Pareuman (mun rek sare) lampu-lampu maraneh bari nyebut Asma Allah. Tutup inuman (Jeung dahareun) maraneh bari nyebut Asma Allah. Tutupan oge wadah-wadah maraneh bari nyebut Asma Allah, sanajan ngan ukur dituruban ku neundeun barang di luhureunnana".

Alesan kudu nutup panto jeung jandela-jandela imah, alatan Nabi SAW ngadawuh anu diriwayatkeun ku Jabir ra: "Tutupan panto-panto aranjeun jeung sebut Asma Allah. Saestuna setan moal rek muka panto anu keur nutup".
(HR.Muslim)

Ngadawuh Ibnu Daqiq Al-'Ied: "Parentah nutup panto samemeh sare ngandung kahadean duniawi jeung ukhrowi, nyaeta ngajaga diri jeung harta ti jalma-jalma anu rek migawe jahat. Utamana mah ti syetan".

Jeung alesan kudu mareuman seuneu jeung lampu-lampu teh alatan Nabi SAW ngadawuh: "Saestuna sasatoan leutik (kayaning beurit) bisa jadi metot sumbu lampu sahingga bisa ngabinasakeun pangeusi imah".

Saur Ibnu Umar ra, yen Nabi SAW ngadawuh: "Maraneh ulah ninggalkeun seuneu anu keur hurung nalika maraneh sare".

Malah dina Kitab Ash-Shohihaini Abi Musa ra nyarioskeun, hiji imah di Madinah pernah aya nu kaduruk dina waktu peuting. Nalika kajadian eta, Nabi SAW ngadawuh: "Saestuna eta seuneu teh musuh anjeun. Mangka mun mah maraneh sare, pareuman (seuneu) ti maraneh".

Imam Al-Qurthubi ngadawuh: "Mun hiji jalma sare sosoranganan nalika seuneu masih hurung di jero imahna, mangka pareuman heula samemeh sare. Pon kitu oge mun di jero imah aya jalma leuwih ti saurang, mangka jalma anu terakhir anu maremannana. Mangka, sing saha anu ngaremehkeun kana perkara ieu, nyata-nyata manehna geus ingkar kana sunnah".

Jeung tina sabahagianana deuih nu jadi alesan kudu nutupan wadah-wadah, kulantaran Nabi SAW miwarangan, anu
unggelna: unggelna: "Tutupan wadah-wadah, jeung talian (atawa cocokan ku kai atawa gabus) eta liang-liang ceret aranjeun, alatan saestuna tina waktu nu sataun, sok aya hiji peuting anu sok turun dina eta peuting hiji panyakit, jeung moal aya anu diliwatan ku eta panyakit tina pirang-pirang wadah anu henteu ditutup liang ceret anu henteu ditalian, kacuali bakal keuna ku eta panyakit".


***

Adab Heuay


NAHAN HEUAY TINA CALANGAP KU DAMPAL LEUNGEUN SARTA ULAH NEPI KA NYORA "HEUAH"


Tina antarana adab heuay, nyaeta ngajaga jeung nahan heuayna tina ngupayakeun henteu bijil sora: "heuaaah", sarta nutupan bahamna ku dampal atawa tonggong leungeuna ngarah sabisa-bisa teu muka bahamna.

Dini Kitab Shohìhul Jàmi', Nabi SAW dadawuh: "Ari bersin eta ti Allah, jeung ari heuay eta ti syetan. Mun mah di antara aranjeun heuay, maka tutupan bahamna ku leungeunna. Jeung mun manehna nyora (dina heuayna) "heuaaah", mangka syetan seuri dina jeroeun beuteungna. Saestuna Allah mikaresep kana bersin jeung mikangewa kana heuay".
(HR.Tirmidzi-Hakim).

Diriwayatkun ku Abu Sa'id ra: "Mun mah salah saurang ti maraneh heuay dina sholat, mangka manehna kudu ngupayakeun nahan heuayna sabisa-bisa, alatan syetan bisa laluasa asup (kana jero bahamna)".
(HR.Muslim)

Dina hadits anu panjang, Muadz bin Jabal ngariwayatkeun hiji hadits ti Ibnu Abbas, di mana Nabi SAW dialog jeung iblis, anu di antarana eta obrolan iblis teh nyangkut kana masalah heuay. Ceuk iblis: "Kaula niup irungna (jalma anu keur sholat) sahingga manehna heuay dina sholatna. Mun manehna henteu nutup bahamna nalika keur heuay, mangka syetan bakal asup kana jero awakna, sahingga (manehna) jadi tambah-tambah sarakah jeung kagegeloan kana dunya, jeung manehna mingkin nurut ka kaula".


***

Wudhu Samemeh Sare


WUDHU SAMEMEH SARE BISA NGAHALANGAN KANA GANGGUAN SYETAN


Diriwayatkeun ti Al-Bara' bin Azib ra, Nabi SAW ngadawuh: "Iraha bae maneh rek sare, wudhu heula sakumaha maneh rek sholat".
(HR.Bukhori)

Imam Nawawi ra ngomentaran kana ieu hadits, yen penting wudhu heula samemeh sare, lantaran mun mah salah saurang geus boga wudhu, mangka wudhuna eta teh geus nyukupan kana sucina dina sarena, sahingga moal aya kahariwangan deui kana datangna Malakal Maut nalika keur sare. Oge eta wudhu bisa ngahalangan kana gangguan syetan (jin) jeung nyingkahkeun Parasaan Sieun sarta kareuwas nalika keur sare.

Dina hiji riwayat ti Umar bin Khoththob ra, Sayyidina Umar tumaros ka Nabi SAW perihal kenging-henteuna sare dina kaayaan junub. Mangka diwaler ku Nabi SAW: "Kenging (sare dina kaayaan keur junub), mun mah maraneh boga wudhu, kakara maraneh meunang sare dina kaayaan junub".
(HR.Bukhori)

Dina Kitab Hiwar Al-Jinni Al-Muslim, Isa Daud nerangkeun, yen saestuna syetan atawa jin laluasa pisan pikeun ngaganggu jalma anu keur kaayaan:

1. Hatena henteu keur dzikir ka Allah.

2. Henteu ngucapkeun ta'udz dina prak migawe hiji pagawean.

3. Henteu boga wudhu.

4. Henteu ngumbah najis nu aya dina badanna jeung bajuna.

5. Henteu istinja nalika kiih.

6. Dina kaayaan keur junub atawa sare dina kaayaan junub.

7. Ngarasa keueung mun liwat dina hiji tempat anu sepi.

Ibnu Abbas ngariwayatkeun: "Aya 3 perkara anu moal didatangan ku malaikat, nyaeta:

1. Jalma anu junub.

2. Jalma anu mabok (alatan inum-inuman
anu ngamabokkeun).

3. Jalma anu make minyak za'faron, alatan minyak za'faron ngarupakeun seuseungitan anu biasa dipake ku awewe".

Hadits riwayat Bukhori: "Nabi SAW mun ngamaksud kulem, padahal salirana nuju junub, mangka anjeuna ngumbah larangannana teras abdas sakumaha bade netepan".

Hadits Riwayat Baihaqi: "Nabi SAW mun nuju junub lajeng ngamaksud kulem, anjeuna abdas heula atanapi tayammum".


***

Adab Mersihan Tempat Sare Samemeh Sare

SAMEMEH SARE KEBUTAN TEMPAT SARE ANU REK DISAREAN

Samemeh prung ngagoler, samemehna bersihan heula tempat sare kucara ngebut-ngebutkeun sarung atawa simut atawa nyere anu geus disayagikeun atawa ku alat naon bae anu sakirana bisa ngabersihkeun kana luhureun spre atawa samak 3 kali bari disebut Asma Allah.

Nabi SAW ngadawuh: "Mun salah saurang ti maraneh rek sare, mangka dina tempat sarena eta bersihan heula, lantaran manehna henteu nyaho naon nu aya dina luhureunnana....(dina riwayat nu lain disebutkeun)...tilu kali".
(Muttafaq 'alaih ti Abu Hurairoh).

Din hadits nu sanesna Nabi SAW ngadawuh: "Mangka cokot sarung terus bersihkeun tempat sarena ku eta sarung bari nyebut Asma Allah, lantaran henteu aya anu apal aya naon ditukangeun kasurna".
(HR.Muslim).

Malah tina sagolongan aya nu boga faham, yen keur jalma anu turun tina tempat sarena terus balik deui kana tempat sarena, mangka dianjurkeun ngebut-ngebutkeun deui tempat sarena.

***

Adab Ngoreksi Diri Samemeh Sare

NGITUNG-NGITUNG KASALAHAN SAMEMEH SARE

Muhasabah heula, nyaeta ngitung-ngitung kalakuan nu geus dipigawe kucara diinget-inget ti hudang sare nepi ka rek sare deui. Dina adegan thorekat mah
disebutna Wukufuz Zamani, nyaeta mun mah aya kaingetkeun pagawean anu ngajurus kana ma'siyat, mangka terus disusul ku tobatan, kucara ngucapkeun Istighfar. Sabalikna, mun mah aya kaingetkeun pagawean nu ngajurus kana to'at, mangka terus disusul ku Syukuran, kucara ngucapkeun Hamdalah.

Dalilna dawuhan Allah SWT dina Al-Qur'an:

اقْرَأْ كَتَابَكَ كَفَى بِنَفْسِكَ الْيَوْمَ عَلَيْكَ حَسِيبًا

"iqro kitàbaka kafà binafsikal yauma 'alaika hasìba (Baca kitab anjeun, cukup nu aya dina diri anjeun,
dina ieu poe diri anjeun ku anjeun sorangan dihisab)".
(Al-Isro 14)

Oge dawuhan Sayyidina Umar ra:
"hasìbu angfusakum qobla ang tuhasìbù (Hisab diri anjeun sorangan samemeh anjeun dihisab)".

***

Adab Babacaan Samemeh Sare

NGUSAP AWAK SAMEMEH SARE SARENGSENA NGADU'A ATAWA MACA SURAT MU'AWADZATAIN

Diriwayatkeun ti Aisyah: Tiap kali Rosululloh SAW rek leleson (sare peuting), Nabi SAW namprakkeun dua panangannana teras ditiupna sarengsena maca surah Al-Ikhlas, Al-Falaq sareng An-Nas terus diusapkeun kana sakujur badanna, dikawitan tina mastakana, wajah sareng bagian payun tina badanna. Nabi SAW ngalaksanakeunnana tilu kali.

***

Adab Posisi Dina Sare

NYANGIGIR KA KATUHU NALIKA NGAGOLER DINA SARE

Nalika ngagoler rek sare, awak nyangigir ka katuhu bari pipi nu katuhu nindihan dampal leungeun nu katuhu kalawan ngaoskeun du'a:

َ
بسْمَك اللَّهْم اَّحِّيا َّوبسْمَك اْمَّوْْت

bismika allòhhumma ahyà wa bismika amùtu

"Kalawan Asma Salira Gusti. Ya Allah, jisim abdi hirup, sarta kalawan Asma Salira Gusti abdi hirup"
(HR.Bukhori).

Teras ngaoskeun "Yà Lathìf" nepi ka reupna, atawa ngaoskeun wirid-wirid nu sanesna sakersana. Mun mah saba'dana eta posisi awak nyangigir ka kenca henteu janten ingkar tina sunnah, alatan diawalan nyangigir ka katuhu.

Ngadawuh Nabi SAW anu diriwayatkeun ti Al-Barro' bin Azib ra: "Mun maneh rek sare, wudhu heula seperti wudhu rek sholat, terus ngagoler bari nyangigir ka katuhu".

Imam Ibnul Qoyyim ngadawuh: "Nabi SAW mun bobo kalawan nyangigir ka katuhu sarta anjeunna nunda panangannana nu katuhu handapeun pipina nu katuhu".

Imam Ibnu Jauzi cacarios: "Sare seperti ieu (nyangigir ka katuhu), ceuk pakar kadokteran mah ngarupakeun posisi sare nu pangalus-alusna keur badan".

Imam Al-Barkhowi nerangkeun dina Kitab Ath-Thoriqol Muhammadiyyah, Bab Tuduh Kana Taqwa: "Henteu dipikaresep sare nangkarak bari teu aya alesan nu jelas".

Imam Al-Khadimi dina komentarna nambahkeun: "Sare nangkarak ngarupakeun sarena para Rosul sareng jalmi-jalmi anu keur nafakuran ciciptaan langit jeung bumi (bari sarena di luareun lalangit imah).

Sare bari nyangigir ka katuhu ngarupakeun sarena para ulama jeung jalma-jalma anu ta'at dina ibadah.

Sare bari nyangigir ka kenca ngarupakeun sarena jalma-jalma anu tukang dahar.

Anapon sare bari nangkuban ngarupakeun sarena syetan jeung jalma-jalma anu kafir".
(dicutat tina kitab Al-Bariqol Mahmudiyyah Fi Syarhut Thoriqol Muhammadiyyah 4:177).

Salian ti posisi sare nyangigir ka katuhu dilarang ku Rosululloh SAW, sakumaha ngariwayatkeun Abu Dzar ra: Nabi SAW pernah ngalangkung ka caket kaula, anu waktos harita kaula nuju ngagoler bari nangkuban, mangka Nabi SAW ngahudangkeun kaula ku sampeanna, bari sasauran: "Heh Junaidab (landihan kangge Abu Dzar), saestuna ngagoler seperti ieu ngarupakeun cara ngagolerna para penghuni naraka".
(HR.Ibnu Majah).

Saur Syaroful Haqul 'Azhim, ngagoler bari nangkuban ngarupakeun wujud sarena syetan.

Ngadawuh Nabi SAW:
"Saestuna (sare bari nangkuban) eta teh posisi sare anu dimurkaan ku Allah Azza Wa jalla".
(HR.Abu Dawud).

Anapon ngaoskeun wirid Ya Lathif dugi ka reupna ditukil ti Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin ra salaku mursyid Thoriqoh Qodiriyah Naqsyabandiyah anu diwengku dina Kitab Miftahush Shudur sareng Kitab Uqùdul Jumàn.

Diwenangkeun malik nyangigir ka kenca atawa nangkarak, asal dimimitian ngagolerna nyangigir ka katuhu bari ngadu'a nalika geus malik:

لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ الوَاحِدُ القَهَّارُ، رَبُّ السَّمَاوَاتِ وَ الأَرْضِ وَمَا بَيْنَ هُمَا العَزِيْزُ الغَفَّار

"là ilàhha illallòhal wàhidal qohhàru robbus samàwàti wal ardlo wa mà baina hhumàl 'azìzul ghofàro".

Anu hartosna: "La Ilaha Illalloh, anu Maha Esa tur Maha Gagah, Pangeran anu ngawasa langit jeung bumi sarta naon anu aya di antarana".
(HR.Muslim)

***

Adab Make Simbut

TEU MEUNANG SARE SASIMBUT ANGING SALAKI JEUNG PAMAJIKAN SARTA TEU MEUNANG BARI BULIGIR

Nabi SAW ngalarang sare sasimut jeung jalma anu lian kacuali salaki atawa pamajikannana.

Dawuhan Nabi SAW: "Teu meunang lalaki nempo orat lalaki lainna, jeung teu meunang oge awewe nempo orat awewe lainna. Jeung teu meunang lalaki ngahiji sasimut jeung lalaki sejen, oge teu meunang awewe sasimut jeung awewe sejenna".
(HR.Abu Said Al-Khudri).

Diriwayatkeun ku Ummu Salamah rah (salah saurang garwa Rosululloh SAW):

"Nalika kaula ngahiji sareng Nabi SAW sasimut, ngadadak kaula haid, mangka kaula kaluar tina simut ngaganti baju ku baju keur haid, mangka ditaros kt Nabi SAW: "Naha anjeun teh haid?".
Diwaler ku kaula: "Leres!".
Nabi SAW ngageroan ka kaula supaya balik deui kana simut".
(HR.Bukhori-Muslim).

Salajengna Ummu Salamah ngadawuh: "Jeung kaula mandi janabat bareng Nabi SAW sawadah cai".
(HR.Bukhari-Muslim).

Dina salah sahiji hadits disebutkeun: "Henteu dimeunangkeun sare ngan wungkul make simut bari teu make baju nanaon deui".
(HR.Muslim).

***

Adab Nalika Ngimpi Atawa Manggih Kareuwas Dina Waktu Keur Sare

AOSKEUN TA'AWUDZ BARI NYIDUH KA KENCA 3X SARTA NGAROBAH POSISI NGAGOLER KALAWAN HENTEU NYARITAKEUN NGIMPI GORENG KA BATUR

Mun mah nalika sare ngimpi atawa manggih kareuwas, mangka aya sababaraha adab nu kudu dipigawe, nyaeta:

Mun ngimpi goreng anu nimbulkeun kareuwas jeung kasieun, mangka:

1) Aoskeun Ta'awudz.

2) Ngaoskeun du'a panyalindungan ka Alloh ku du'a naon bae, anu di antarana du'a ieu:

اَعُوْذَ بِكَلٍِمَاتِ اللّٰهِ التَامَّةِ مِنْ غَضَبِهِ وَشَرَّ عِبَادِهِ، وَمِنْ هَمَزَاتِ الشَّيَاطِيْنِ وَاَنْ يَحْضُرُنِ - رواه اَبُوْ داود.ِ

"a'ùdzu bikalimatillàhhil tammàti min ghodlobahhu wa 'aqòbahu wa syarri 'ibàdihhi wa man hhumazàtisy syayàthìni wa ay yahdlurùna".

Hartosna: "Kaula nyalindung kalawan kalimat Alloh anu sampurna tina murkana jeung kajahatannana hamba-hambaNa, jeung tina godaan syetan jeung supaya maranehna henteu datang kahareupeun kaula".
(HR.Abu Dawud)

3) Geuwat nyiduh ka kenca 3x sanajan ngan wungkul isyarah.

Ti Abdulloh bin Abu Qotadah sayaktosna Nabi SAW ngadawuh: "Ngimpi nu alus ti Alloh, sedengkeun ngimpi nu goreng ti syetan, mangka mun salah saurang di antara maraneh ngimpi goreng, geuwat nyiduh kaarah kenca sarta suhunkeun panyalindungan ka Allah tina kagorengannana. Saestuna eta perkara moal ngamodorotkeun ka manehna".

4) Robah posisi ngagolerna, nu penting henteu nangkuban.

Disebutkeun dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Muslim, upamana mun manggih ngimpi nu goreng, mangka rubah posisi sarena tina samemehna atawa hudang terus sholat mun daek.

5) Ulah nyaritakeun ngimpina ka batur, sanajan ngimpina teh alus atawa goreng, kacuali ka Guru atawa ka jalma anu bisa dipercaya nyepeng rusiah.

***

Adab Hudang Sare

TAWAJUH, NGADU'A, NGOSOK BEUNGEUT JEUNG PANON, NGOSOK HUNTU, NGUMBAH LEUNGEUN, NGABERSIHAN IRUNG, WUDHU JEUNG NGALAKSANAKEUN SHOLAT SUNNAT SABA'DANA HUDANG SARE

Disunnahkeun hudang sare ngalaksanakeun adab-adaban sakumaha disebutkeun di dieu:

1) Diuk sakeudeung sakadar tawajuh dina hate dzikir ka Allah

2) Maca du'a:

الحَمْدُ للهِ الَّذِيْ أَحْيَانَا بَعْدَ مَا أَمَاتَنَا وَإِلَيْهِ النُّشُور

"alhamdulillàhil ladzì ahyànà ba'da mà amà tanà wa ilahhin nusyùr".

Hartosna: "Sagala puji kagungan Alloh anu parantos ngahirupkeun abdi saba'dana dimaotkeun. Jeung ka Anjeuna urang dibalikkeun".
(HR.Bukhori-Abu Dawud).

3) Ngosok-ngosok wajah jeung panon ku dua panangan pikeun ngaleungitkeun pangaruh tina sarena (dijelaskeun dina Syama'il Tirmidzi).

Hadits:
"Mangka gugah Rosululloh SAW tina kulemna terus calik bari ngusap wajah ku panangannana".
(HR.Muslim).

4) Ngosok huntu (disebutkeun dina Musnad Ahmad jeung Sunan Abu Dawud).

Hadits:
"Mun Rosululloh SAW hudang peuting, anjeuna mersihan waosna ku cara sisiwak".
(HR.Bukhori)

5) Ngumbah dua
panangan.

Ngadawuh Nabi SAW: "Mun salah saurang di antara maraneh hudang sare, poma ulah ngasupkeun leungeunna kana jero tempat cai samemeh manehna ngumbah leungeunna 3x".
(HR.Bukhori).

6) Nyeuseup cai (istinsyaq) kana liang irung sarta dikaluarkeun deui (istintsar).

Ngadawuh Nabi SAW: "Mun salah saurang di antara maraneh hudang sare, mangka nyingsrek cai 3x lantaran saestuna syetan meuting dina liang irungna".
(HR.Bukhari).

7) Wudhu.

8) Ngalaksanakeun sholat-sholat sunnat.

***

Waktu-Waktu Anu Meunang Jeung Henteu Meunang Dipake Sare

WAKTU ANU HENTEU MEUNANG DIPAKE SARE

Disunnahkeun henteu sare nalika:

1) Samemeh asup waktu shubuh jeung saba'dana ti eta.

"Rasulullah SAW nalika rengse ngalaksanakeun sholat Shubuh, anjeuna salawasna calik dina tempat sholatna dugi ka terbit panon poe".
(HR.Muslim)

2) Antara ashar jeung maghrib.

Diriwayatkeun ku Ibnu Lahi'ah ti Aqil:
"Sing saha anu sare saba'dana ashar terus manehna leungit akalna, mangka ulah nyalahkeun kacuali ka dirina sorangan".

Nurutkeun sabahagian golongan hadits ieu dlo'if, jadi maranehna ngameunangkeun sare dina waktu ashar.
3) Antara maghrib jeung isya.

Nurutkeun Abu Barzah ra, Rosululloh SAW mikangewa kana sare samemeh isya jeung ngobrol sarengsena ti eta".

Ibnu Hajar nyarios: "Nabi SAW mikangewa kana sare samemeh isya lantaran bisa ngalalekeun kana sholat isya sahingga kaluar tina waktuna. Anapon ngobrol sarengsena isya anu henteu aya manfa'atna bisa ngaakibatkeun tunduh sarta kasarean nalika asup kana waktu shubuh sahingga teu ngalaksanakeun sholat peuting jeung sholat shubuh".

4) Aya perkara-perkara anu manfa'at keur kapentingan agama jeung nagara.

Ngobrol dina hal-hal anu mangfaat diwenangkeun sakumaha Nabi SAW pernah ngobrol jeung Abu bakar nepi ka tengah peuting alatan urusan anu nyangkut ka kaum muslimin.

Teu meunang melek (begadang) kacuali
keur ngobrol nyanghareupan tamu, ngaos kitab tina pirang-pirang elmu, pangaosan jeung naon-naon kagiatan nu keur ngahirup-hirup agama.

Dalilna hadits nu di luhur nyaeta Nabi SAW
kungsi ngobrol jeung Abu Bakar nepi ka tengah peuting dina urusan anu nyangkut jeung kaum muslimin.

5) Dina tungtung peuting.

Riwayat Siti Aisyah ra: Rosululloh saw gugah dina tungtung peuting, lajeng anjeuna ngalaksanakeun sholat.
(Muttafaq 'alaih).

***

WAKTU ANU MEUNANG DIPAKE SARE

Disunnahkeun sare nalika:

1) Samemeh tengah peuting.

Riwayat Siti Aisyah ra: Rosululloh SAW sare di awal peuting.
(Muttafaq 'alaih).

Ibnu Abbas ra mitutur: "Hiji waktu kaula pernah meuting di bumina bibi kaula Maimunah ngarah bisa nempo kumaha sholatna Rosululloh SAW, anjeuna ngobrol sakedap sareng garwana, terus kulem".

2) Samemeh tengah poe.

Ngadawuh Ibnu Katsir ra: "Qoylulah nyaeta
istirahat tengah poe, sanajan henteu sare".

Sahl bin Sa'ad ra ngadawuh: "Kami henteu qoylulah jeung dahar beurang kacuali sarengsena sholat juma'ah".

Ngadawuh Nabi SAW: "Prak maraneh qoylulah. Saestuna syetan henteu qoylulah".

Ibnu Hajar ngadawuh: "Qoylulah kaasup kabiasaan para sahabat unggal poena".

***

Sare Anu Sehat

SARE ANU HADE NURUTKEUN SAINS JEUN KASEHATAN

Sakabeh makhluk hirup merlukeun istirahat jeung sare sarengsena migawe aktivitas/kagiatan, pikeun ngomean deui sel-sel hirup anu ruksak nalika keur nyaring, jeung miceun limbah atawa hawa-hawa anu kotor anu kasedot nalika keur nyaring.

Orok jeung budak leutik merlukeun sare anu leuwih loba batan jalma dewasa.

Jalma anu geus kolot, merlukeun istirahat anu leuwih loba batan sarena.

Jalma anu loba digawe make otakna/pikirana, eta leuwih merlukeun sare anu leuwih loba batan jalma anu loba digawe make tanagana.

Jalma anu keur gering, merlukeun sare anu
leuwih loba batan anu sehat.

Nurutkeun ukuran medis, sarena jalma anu sehat sarta anu loba make pikiranana merlukeun sare salila 7 jam-an, anu hartina pikeun jalma sehat anu henteu loba make otakna, merlukeun istirahat jeung sare anu ideal antara 4 jam-an.

Kurang sare jeung sare anu henteu make aturan oge posisi sare anu kurang hade, bisa nyebabkeun gangguan kana syaraf jeung kana jiwa. Kulantaran kitu pikeun ngahontal kana kasehatan, waktu keur sare jeung waktu keur nyaring kudu diatur sahade-hadena.

***

WAKTU ANU IDEAL DIPAKE SARE

Waktu istirahat jeung sare anu ideal aya dua, nyaeta:

1. Samemeh tengah peuting antara jam 11 peuting nepika jam 2 shubuh (23.00-02.00).

2. Samemeh tengah poe antara jam 11 isuk-isuk samemeh dzuhur nepika jam 12 beurang (11.00-12.00), atawa ti akhir waktu dhuha nepika asup waktu dzuhur.

***

WAKTU ANU IDEAL DIPAKE NYARING

Waktu anu ideal dipake nyaring, nyaeta:

1. Antara jam 2 shubuh nepi ka samemeh jam 11 isuk-isuk (02.00-11.00), atawa ti waktu samemeh tahajud nepika akhir waktu dhuha.

2. Antara jam 12 beurang nepi ka jam 11 peuting (11.00-23.00), atawa ti waktu dzuhur nepika jam 11 peuting.

***

LOBA SARE LOBA MUDHOROT

Loba sare malah teu sehat, kusabab badan malah bisa nyeuseup deui kokotor atawa hawa-hawa kotor anu geus kapiceun, sahingga nimbulkeun awak lalungse jeung laleuleus.

***

POSISI SARE ANU SEHAT

Posisi sare anu teu sehat, nyaeta:

1. Nangkarak.
2. Nangkuban.
3. Nyangigir ka kenca.


SARE NANGKARAK

Posisi sare nangkarak, eta kurang alus keur kasehatan, alatan tulang tonggong bisa kateken, anu biasa ngaakibatkeun gangguan dina miceun jeung kahampangan.


SARE NANGKUBAN

Posisi sare nangkuban bisa nyebabkeun gangguan dina pernafasan.


SARE NYANGIGIR KA KENCA

Sare bari nyangigir ka kenca bisa ngaganggu kana sistim jantung jeung peredaran getih kana otak, anu bisa ngaakibatkeun datang ngimpi anu pikakeueungeun jeung sararedih (Night Mares), malah bisa sare leumpang (Somnabulisme).


SARE NYANGIGIR KA KATUHU

Sare nu ideal (hade) nurutkeun sains jeung elmu kasehatan nyaeta sare kalawan posisi badan nyangigir ka katuhu sarta sirah ka kaler jeung suku ka kidul, ngarah ku posisi sare seperti kieu, awak bisa narima gelombang arus magnetik ti kutub utara ka kutub selatan anu katarima ku sistem syaraf nu aya dina badan.


KUDU NIAT, NGADU'A, BABACAAN JEUNG MIKIR 1 PERKARA ANU HADE SAMEMEH SARE

Dina samemeh sare, kudu ngayakeun niat, ngadu'a, babacaan jeung mikir kana 1 perkara anu hade, supaya eta perkara sacara "latent" ngendap dina alam bawah sadar, sahingga eta niat, du'a, babacaan jeung pikiran anu hade tadi sacara henteu sadar bisa mangaruhan kana kinerja pikiran jeung tindakan nalika keur sare jeung saenggesna
hudang sare, sarta bakal bisa ngaarahkeun kana aktivitas atawa kagiatan anu hade.

Sabalikna, suasanaa jeung pikiran anu goreng anu kabawa sare bisa nimbulkeun pangaruh anu goreng kana pikiran jeung tindakan keur sare jeung sahudangna sare, sarta kusababna eta, bisa ngaarahkeun
kana aktivitas jeung kagiatan anu teu hade.

***

NGATASI HESE SARE

Hese sare bisa diatasi kucara:

1. Niat sare.

2. Ngabersihkeun badan, pakean, simbut (sarung) jeung tempat sare tina kokotor atawa perkara-perkara anu ngaganggu kana sare.

3. Mandi cai haneut atawa nginum cai anu haneut.

4. Bari ngagoler hate, pikiran jeung letah diarahkeun kana dzikir.

***

Sumber Kajian

SUMBER KAJIAN ADAB DINA SARE

1. Shohih Muslim.

2. Ash-Shohihain - Abu Musa.

3. Kitab Shohihul Jami'.

4. Shohih Bukhori.

5. Al-Hiwar Al-Jinni Al-Muslin - Isa Daud.

6. Bayanu Tasdiq - Sihabudin Suhrowardi.

7. Ath-Thoriqol Muhammadiyah - Imam Al-Barkhowi.

8. Miftahush Shudur - Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin.

9. The Review Of Religions Dr. Shah Nawaz Khan, 1993.
-