Pengertian Manaqib

Manaqib nyaeta riwayat hirupna jalma-jalma anu sholeh. Sedengkeun riwayat hirup jalma-jalma anu zholim mah teu kasebut manaqib.

Dina Al-Quran disebutkeun:
"was sàbiqùnal awwalùna minal muhhàjirìna wal angshòri wal ladzìnat taba'ù hhum bi ihsànir rodliyallòhhu 'anhhum wa rodlù 'anhhu wa a'adda lahhum jannàting tajrì tahtahhal anhhàru khòlidìna fìhhä abadà. dzàlikal fauzul 'azhìm".

"Jalma-jalma anu tiheula anu pangmimitina asup islam di antara muhajirin jeung anshor jeung jalma-jalma anu anut ka maranehna kalawan hade. Alloh ridlo ka maranehna jeung maranehna oge ridlo ka Allah, sarta Allah nyadiakeun pikeun maranehna sorga anu ngocor walungan di jerona. Maranehna abadi salawasna. Tah eta teh kamenangan anu gede".
(At-Taubat:100).

Nyata atuh, jalma-jalma anu meunang kanikmatan ti Alloh teh nyaeta jalma anu turut ka jalma-jalma anu turut ka Rosul SAW.

Tiap thorekat boga manaqibna sewang-sewang, anu sadayana ge ngarupakeun pangajaran anu mulya ka anu anutna.

Dawuhan Allah:
"Sajelasna ayana riwayat hirup para luluhur eta teh jadi pangajaran ka sakabeh manusa nu boga akal".

Dina manaqib, sok diterangkeun kaanehan-kaanehan anu gaduh eta manaqib, eta teh disebutna karomah, anu teu aya sulayana jeung kaanehan-kaanehan anu diterangkeun ku Allah dina Al-Quran.

Eta karomah teh disebut Khowariqul Adat (perkara anu aneh anu diluar kabiasaan) anu 5 perkara tea, nyaeta:
1. Irhash:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu erek jadi nabi.

2. Mu'jizat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para nabi.

3. Karomat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para wali (jalma-jalma anu anut ka para nabi).

4. Ma'unat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma mu'min biasa (jalma-jalma anu anut ka para wali).

5. Istijrod:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu fasek (jalma-jalma anu anut ka syetan).

Ieu anu 5 perkara teh, sanajan dianggap sulaya tina adat (kabiasaan), tapi mun diukur ku akal mah teu matak jadi aneh, lantaran nurutkeun katerangan Nabi SAW mah, akal teh dibagi kana 3 fungsi.

Fungsi Akal anu ka 1:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur Ma'rifat ka Allah jeung kana perkara-perkara anu datangna ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 2:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur ta'at ngalaksanakeun parentah ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 3:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur nyegah kana ma'siat anu dilarang ku Allah SWT.

Upama manusa geus bisa ngagunakeun akalna, tangtuna bae moal aya anu nolak kana pirang-pirang karomatna para wali, sarta eta akal kagolong kana "Akal Anu Sehat", anu bisa ngajadikeun sehat jasad, nyawa jeung rasana.

Pikeun ngahasilkeun eta, tangtuna bae dina ngalaksanakeun manaqib, diperlukeun tata cara nurutkeun aturan dina thorekatna masing-masing.
-