MASALAH KUKU

Dina ajaran Islam, kuku dianjurkeun dipotong nepi ka pendek jeung teu dimeunangkeun dikukut nepi ka panjang, lantaran seuer pisan mudhorotna mun diantep nepi ka panjang.

I. Mudhorotna Kuku Anu Panjang

Diantara mudhorotna kuku mun dipanjangkeun teh nyaeta:

1
Kuku nu panjang bisa nyimpen kotoran jeung nyebabkeun pirang-pirang panyakit, utamana mah panyakit kusta, alatan ceuk elmu medis mah kuku nu panjang teh sok ngumpul kuman E-Coli anu eta kuman biasana aya dina tinja jalma, anu eta kuman teu bisa kitu bae leungit sanajan eta kuku dikumbah ku cai jeung sabun.

Malah dina Kitab Al-Fatawal Hindiyah dina mazhab Hanafi dimakruhkeun motong kuku ku huntu alatan dipikasieun nyebabkeun panyakit kusta.

2
Kokotor anu napel dina kuku anu panjang bisa jadi ngahalangan ngalirna cai kana anggahota wudlu jeung badan nalika wudlu jeung mandi junub.

3
Kuku anu panjang bisa dijadikeun tempat nyayangna syetan.

Nabi SAW pernah naros ka iblis: "Di mana maneh ngiuhan anak-anak maneh nalika usum halodo?". Dijawab ku iblis: "Dina handapeun kuku manusa".
(HR.Muadz bin Jabal ti Ibnu Abbas).

II. Adab Motong Kuku

1
Kuku ulah diantep manjangan salila 40 poe saba'dana dipotong kukuna.

Ngadawuh Anas bin Malik: "Tos ditangtoskeun waktosna ka kami nyukur kumis, motong kuku, nyabut bulu kelek jeung bulu ari-ari supaya kami teu ngantep nepi ka 40 peuting".
(HR.Muslim).

2
Disunnahkeun motong kuku dina poe senen, kemis jeung juma'ah.

Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh ra: "Saestuna Rosululloh SAW motong kuku jeung nyukur kumis dina poe juma'ah samemeh anjeuna kaluar pikeun netepan (jum'ah)".
(HR.Al-Bazzar jeung Thobroni).

Diriwayatkeun ku Abu Sa'id Al-Khudri jeung Abu Hurairoh ra: "Saha-saha anu mandi dina poe juma'ah, motong kuku, make seuseungitan sarta make pakean anu pangalusna, terus kaluar ti imah sahingga nepi ka masjid manehna henteu ngalengkahan jalma-jalma anu geus aya dina shof (barisan), terus maneh sholat (sunnat) naon bae sarta cicing nalika imam keur khutbah sarta jempé nepi ka anggeus sholat, mangka eta jadi tetebus dosa ti juma'ah ka juma'ah saméméhna".
(HR.Ahmad).

Nurutkeun Ibnu Hajar ra, disunnatkeun motong kuku dina poe kemis, atawa dina poe juma'ah isuk-isuk, atawa dina poe senen.

Nurutkeun Imam Syafi'i, disunnatkeun motong kuku samemeh sholat juma'ah sarengsena mandi, ngosok huntu, make seuseungitan sarta make baju samemeh ka masjid.

Malah hiji hadits anu diriwayatkeun ku Syekh Baijuri jeung Ibnur Rifah nyarioskeun Rosululloh SAW parantos ngadawuh: "Sing saha anu motong kukunana dina poe:
1) Sabtu: Mangka kaluar tina awakna obat jeung asup kana dirina panyakit.

2) Minggu: Mangka kaluar tina dirina kabeungharan jeung asup kamiskinan.

3) Senen: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo jeung asup sehat.

4) Salasa: Niscaya kaluar tina dirina sehat jeung asup panyakit.

5) Rebo: Niscaya kaluar tina dirina was-was jeung asup kana dirina kahinaan.

6) Kemis: Niscaya kaluar tina dirina panyakit gelo sarta asup kana dirina cageur tina panyakit.

7) Juma'ah: Niscaya kaluar dosa-dosana seperti nalika dilahirkeun ku indungna sarta asup kana dirina Rahmat ti Allah Ta'ala.

3
Urut potongan-potongan kukuna disunnatkeun dikubur.

Perkara ieu parantos diriwayatkeun dina Kitab Fathul Bari nalika Ibnu Umar ra anu ngubur potongan kukuna.

III. Larangan-Larangan Anu Ngeunaan Dina Kuku

1
Diharamkeun ngawarnaan kuku, kacuali awewe anu geus meunang izin ti salakina sarta pewarna kukuna kudu ku bahan tina pacar (inai), sarta sunnat dipake nalika ihrom dina sakabeh dampal leungeun nepi ka geugeulangna, oge disunatkeun oge eta pacar diusapkeun saeutik kana beungeutna, ngarah wajah jeung dampal leungeun anu muka ka tutup ku warna pacar nalika ihrom.

2
Dilarang pikeun jalma anu niat meuncit kurban motong kuku, buuk jeung bulu-bulu dina awakna dina 10 poe awal bulan Dzulhijjah nepi ka dipeuncit kurbana.

Nabi SAW ngadawuh: "Mun 10 poe kahiji (bulan dzulhijjah) geus asup sarta salah saurang di antara maraneh rek kurban, mangka ulah neukteuk buuk jeung kulitna sanajan saeutik nepi ka dipeuncit kurbana".
(HR.Muslim).

3
Dilarang motong kuku nalika Haid, nifas jeung junub.

Nurutkeun kitab Al-Ihya teu meunang neukteuk buuk, kuku atawa ngaluarkeun getih atawa neukteuk naon bae tina badana samemeh mandi junub, lantaran eta potongan-potongan bakal balik deui dina kaayaan junub.

Kacuali henteu dilarang motong kuku atawa nyukur buuk jeung bulu nalika keur hed, nifas jeung junub, asal eta potongan-potongan kukuna atawa buuk jeung buluna dikumpulkeun sarta disimpeun pikeun diilukeun nalika mandi junub, sakumaha anu tos jadi adat dina mazhab Syafi'i.

Anu dilarang pikeun jalma anu haid, nifas jeung junub teh nyaeta:

1) Sholat
2) Puasa
3) Sujud Tilawah
4) Thowaf
5) Zima
6) Asup jeung i'tikaf di jero masjid.

4
Ulah motong kuku nalika ihrom haji jeung umroh, kacuali samemehna haji atawa umroh.

***

TATA CARA MOTONG KUKU NURUTKEUN SABAGIAN PEMAHAMAN

Tata Carana nyaeta:

1
Dina kaayaan gaduh wudlu.

2
Tawajuh jeung Robithoh ka Guru.

3
Maca basmalah, Hadhorat ka Nabi Muhammad SAW, istighfar 3x, sholawat 3x, sarta ngaos du'a munajat 1x, narik lafazh La Ilaha Illalloh 3x, nembe mimitian motong kuku.

4
Dina motong kuku-kuku panangan, mimitina tina ramo-ramo leungeun
katuhu:
1) Curuk.
2) Panengah.
3) Jarhiji.
4) Cingir.
Terus kana ramo-ramo kuku leungeun kenca:
5) Cingir.
6) Jarhiji.
7) Panengah.
8) Curuk.
9) Jempol kenca.
Terus kana:
10) Jempol katuhu.

5
Dina motong kuku-kuku sampean, mimitina tina ramo-ramo suku katuhu:
1) Cingir.
2) Jarhiji.
3) Panengah.
4) Curuk.
5) Jempol katuhu.
Terus kana suku kenca:
6) Jempol kenca.
7) Curuk.
8) Panengah.
9) Jarhiji.
10) Cingir.

6
Rengse motong kuku-kuku, terus ngadu'a ku du'a sholawat munjiyat, teras hadhorot ka Nabi SAW, terus Hadhorot ka Para Guru-Guru, teras Hadorot ka Ibu-Rama, teras istighfar 3x, teras ngaos sholawat ibrohimiyah, teras munajat, teras tawajuh.

***

KASUSAH, KASEDIH, SANGSARA, UJIAN, MUSIBAH, CILAKA JEUNG BAHAYA

Bubuka

Bismillàhir Rohmànir Rohìm

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem anu sagemblengna eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.

Sholawat sarta salam anu utami, muga tetep ka pangafdhol-afdholna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat ka sadayana alam.

Oge ka kulawargina sareng ka sadayana sahabat, sareng ka sadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun sareng dipaparin pirang-pirang karomat.
(Amma Ba'du)
-
Mangka saestuna, sapanjang manusa kumelendang hirup di alam dunya moal leupas tina pirang-pirang masalah, kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya.

Tulisan ieu sanes bade ngamaksud ngaguruan, mung sakadar sumbangsih sim kuring ka saha bae anu ngamaksud sae dina sasarengan diajar agama.

Mugi, ku widi Gusti Nu Agung, sadaya nu ngaos kana ieu tulisan, ditambih-tambih kasaeanana di dunya sarta kenging pertulungan Allah SWT di akherat.

Garut, 24 Robi'ul Awal 1431 H / 10 Maret 2010 M.
-

Mangka kanyahokeun, ari sabahagiannana tina sabab-sabab datangna eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya, bisa jadi alatan tina pagawean-pagawean anu seperti kieu:

1
Kurangna amal kahadean.

Dawuhan Nabi SAW: "Saurang anu kurang amalan-amalanana, mangka Allah bakal nibankeun ka manehna ka ruwet jeung kasedihan".
(HR.Ahmad).

2
Sok nganggap enteng kana unjak-anjuk.

Ngadawuh Nabi SAW: "Sing ati-ati dina ngahutang (nganjuk). Saestuna ngahutang eta teh ngarupakeun kasedihan dina waktu peuting jeung ngarasa rendah diri (hina) dina waktu beurang".
(HR.Ibnu Babawih jeung Baihaqi).

3
Sok daek nurutkeun syahwat.

Dawuhan Nabi SAW: "Bisa jadi ngalampiaskeun nafsu syahwat sakeudeung ngaakibatkeun kanalangsaan anu lila".
(HR.Baihaqi).

4
Henteu ngarasa sedih mun inget dosa, hate anu teu daek dzikir ka Allah, leuwih mentingkeun urusan dunya daripada ibadah ka Allah jeung alatan ngulang-ngulang kana kasalahan, sahingga eta jadi tanda meunang kasangsaraan.

Saur Nabi SAW: "Di antara tanda-tanda kasangsaraan nyaeta panon anu beku, hate anu jahat, jeung kaleuwihan dina muru kasenangan dunya, sarta jalma anu terus-terusan migawe dosa".
(HR.Hakim).

5
Sok ngarasa bungah mun batur meunang kasusah.

Nabi SAW ngajarkeun ka umatna: "Mun salah saurang nempo jalma anu cacat, terus ngomong dina hatena: "Sadaya puji eta kagungan Allah anu parantos nyalametkeun abdi tina naon anu diujikeun ku Allah ka manehna sarta ngaleuwihkeun abdi ku leuwih sampura batan makhluk sejenna".
(HR.Abu Dawud).

6
Sok daek ngahina, ngomongkeun goreng, atawa alatan ngantep teu mere nasehat ku cara naon bae ka jalma anu migawe dosa jeung kasalahan.

Nabi SAW ngadawuh: "Pagawean dosa bisa ngaakibatkeun sial ka batur, lamun manehna nyela mangka bisa kakeunaan ujian. Mun ngupat mangka manehna meunang dosa. Jeung mun manehna cicing teu upaya mere nasehat, mangka saolah-olah manehna ngilu migawe eta dosa".
(HR.Ad-Dailami).

Malah dawuhanana deui: "Ulah nembongkeun kagumbiraan dina kasusahan dulur maneh, niscaya Allah bakal nyalametkeun dulurna sarta bakal nibankeun (musibah) ka maneh".
(HR.Ath-Thusi jeung Tirmidzi).

7
Letah loba dzikir ka Allah, tapi pagawean badanna migawe ma'siat terus.

Dawuhan Nabi SAW: "Cilaka jalma anu loba dzikrulloh ku letahna tapi ma'siat ka Allah ku lalampahanana".
(HR.Ad-Dailami).
8
Daek ngomongkeun hiji perkara anu bohong.

Dawuhan Nabi SAW: "Cilaka ka jalma anu nyarita ka hiji kaum perkara carita bohong".
(HR.Abu Dawud jeung Ahmad).

9
Daek males nyaci jeung ngahina ka jalma anu nyaci jeung ngahina.

Ngadawuh Nabi SAW: "Mun aya jalma anu nyaci jeung ngahina maneh kana naon anu dikanyahokeun dina diri maneh, mangka ulah maneh males nyaci jeung ngahina kana naon anu ku maneh dikanyahokeun dina dirina, lantaran ganjarananan keur maneh jeung kacilakaan keur eta jalma".
(HR.Ad-Dailami)

10
Daek ngaluli-luli hiji perkara tina urusan agama keur kapentingan kadunyaan.

Ngadawuh Nabi SAW: "Henteu aya manusa ngaluli-luli tina urusan agama keur kapentingan dunya maranehna, kacuali Allah nimbulkeun keur maranehna perkara-perkara anu leuwih ngabahayakeun maranehna".
(HR.Ahmad).

11
Sumpah anu teu nyebut Asma Allah atawa eta sumpah teu dilaksanakeun sakumaha mistina.

Dawuhan Nabi SAW: "Ulah sumpah kacuali ku Asma Allah. Sing saha anu sumpah ku Asma Allah, manehna kudu jujur (bener). Sing saha anu disumpah ku Asma Allah, manehna kudu narima. Mun teu daek narima, mangka pegat manehna tina pertulungan ti Allah".
(HR.Ibnu Majah jeung Ath-Thusi).

12
Lalaki anu keuna ku panggoda awewe jeung awewe keuna ku panggoda lalaki.

Dawuhan Nabi SAW: Unggal rek datang isuk-isuk, dua malaikat ngagero: "Cilaka lalaki tina godaan awewe, jeung cilaka awewe tina godaan lalaki".
(HR.Ibnu Majah jeung Hakim).

Jadi jelas, tina sakabeh katerangan, eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya teh sumberna mah tina tapak pagawean dirina sorangan.

Ngadawuh Allah SWT: "Jeung naon bae anu tumiba ka maneh, eta teh disebabkeun ku pagawean leungeun maneh sorangan".
(Q.S.Asy-Syùro:30).

Jeung kanyahokeun, ari kasusah eta teh awal tina kabungah, lantaran susah jeung bungah teh eta keneh-eta keneh, ngahiji teu misah. Ngan eta kasusah moal jadi kabungah mun henteu dibarengan ku sabar dina kasusahanna.

Dawuhan Nabi SAW:
"Kaberhasilan ngan bisa diajul ku kasabaran. Kabungahan eta bareng jeung kasusahan. Jeung datangna kahesean bareng jeung kagampilan".
(HR.Tirmidzi)

Kulantaran kitu, mun mah datang kasusah mangka kudu daek sabar dina nandangannana, nyaeta kucara ngalobakeun "istighfar" jeung maca "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm", sangkan didatangkeun ku Allah rizki jeung kabungahna. Ngarah eta rizki jeung kabungahna awet karasana, mangka dina mimiti narima rizki jeung kabungah, kudu dimimitian ku "tahmid" nyaeta letah ngucapkeun "alhamdulillàh" dibarengan ku hate anu dzikir inget ka Allah. Pon kitu deui nalika mimiti narima kasusah mangka kudu dimimitian ku sabar, nyaeta letah ngucapkeun "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm" anu dibarengan ku hate dzikir eling ka Allah SWT.

Dawuhan Nabi SAW:
"Sing saha anu dipaparin ku Allah kanikmatan, mangka manehna kudu "tahmid" ka Allah. Jeung sing saha anu ngarasa ditelatkeun rizkina, mangka manehna kudu "istighfar" ka Allah. Sing saha meunang kasusahan dina hiji masalah, mangka kudu ngucapkeun "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm".
(HR.Baihaqi jeung Ar-Robì).

Oge dawuhanana deui:
"Sabar anu sabenerna nyaeta nalika ngamimitian ditibanan musibah ".
(HR.Bukhori).

Mun mah kasusahna ku cara sabar jeung istighfar teu leungit tina dirina dina waktu-waktu harita, mangka saestuna Allah ngersakeun sabar jeung istighfarna jadi tetebus tina dosana.

Dawuhan Nabi SAW:
"Henteu aya saurang mu'min anu ditibanan rasa nyeri, kacapean, kaserang panyakit atawa kasedihan (kasusahan) nepika ngan ukur cucuk anu nyugak (kana awakna), anging kalawan eta Allah mupus kana dosa-dosana".
(HR.Bukhori).

Dawuhanana deui:
"Saestuna di antara dosa-dosa aya anu henteu bisa dihapus (ditebus) ku ganjaran sholat, shodaqoh atawa haji, mung iwalti ditebus ku kahese-capean dina nyiar nafkah".
(HR.Thobroni).

Jeung ulah ngarasa kaduhung nampa hiji kasusah alatan disebabkeun geus migawe hiji pagawean anu nimbulkeun eta kasusah.

Dawuhan Nabi SAW: Mun mah ditibanan musibah, ulah nyarita: "Oh, mun mah kuring tadi migawe nu eta, tangtu kajadianana kieu jeung kitu", tapi kuduna mah ucapkeun: "Ieu takdir ti Allah. Jeung naon bae anu bade dikersakeun ku Allah, tangtu dipidamel ku Anjeuna. Kanyahokeun, saestuna ucapan 'Mun Mah' jeung 'Lamun', eta teh muka kasempetan asupna syetan.
(HR.Muslim).

Kulantaran kitu, pikeun ngajaga diri tina eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya, mangka pikeun nolakna diperlukeun du'a-du'a jeung kasabaran, sakumaha dawuhan Nabi SAW: "Henteu aya hiji perkara anu bisa nolak kana taqdir iwalti du'a, jeung heunteu aya anu bisa nambah kana umur iwalti amal kahadean".
(HR.Tirmidzi jeung Hakim).

Dawuhanana deui: "Henteu aya salah saurang ngadu'a ka Allah ku hiji du'a, anging dikobul ku Allah sarta manehna meunang salah sahiji tina 3 perkara, nyaeta: 1) Digancangkeun dikobul du'ana di dunya. 2) atawa disimpen ku Allah keur manehna di akherat. 3) atawa diganti ku nyegah tina musibah anu sarupa".
(HR.Thobroni).

Sareng dawuhanana deui: "Jalma anu bagja nyaeta jalma anu dijauhkeun tina fitnah-fitnah. Jeung jalma mun keuna ujian jeung cobaan manehna sabar".
(HR.Ahmad jeung Abu Dawud).

Mangka lamun mah letah ngucapkeun lafadz-lafadz du'a ka Allah, mangka hate kudu dibarengan elingna hate dzikir ka Allah.

Dawuhan Nabi SAW: "Candak kasempetan ngadu'a nalika hate keur dina kaayaan lemah-lembut, lantaran eta teh Rohmat".
(HR.Ad-Dailami).
Jeung lobakeun dzikir ka Allah, lantaran eta pagawean teh leuwih bisa nyalametkeun tina sagala perkara anu goreng anu tumiba ka hiji jalma.

Dawuhan Nabi SAW: "Henteu aya amal pagawean Anak Adam anu leuwih nyalametkeun tina azab Allah, anging dzikrulloh".
(HR.Ahmad).

Lafadz dzikir anu nyalametkeun ka hiji jalma, di antarana nyaeta lafadz Là Ilàha Illallòh.

Dawuhan Allah SWT: "Ari Là Ilàha Illallòh teh benteng Kami. Sing saha jalma anu asup kana benteng Kami, mangka disalametkeun ku Kami tina azab ti Kami".
(Hadits Qudsi).

Kulantaran banget pentingna dzikir pikeun nyalametkeun diri tina pirang-pirang azab, maka lobakeun maca Là Ilàha Illallòh jeung dzikir nu liana ngarah du'a-du'a anu diucapkeun ka auban salawasna dina cahaya Gusti Allah SWT.

Dawuhan Nabi SAW: "Aya 4 perkara anu sing saha ngapamilik kana eta nu 4, mangka Allah bakal ngabangun keur manehna imah di surga jeung manehna aya dina auban cahaya Allah Anu maha Agung, nyaeta:
1) Mun cepengeunana nyepeng pageuh kana Là ilaha illallàh.
2) Mun meunang kahadean manehna ngucapkeun: Alhamdulillàh.
3) Mun nyieun kasalahan (dosa), manehna ngucapkeun: Astaghfirullòh.
4) Jeung mun ditiban musibah manehna ngucap: Inna lillàhi wa inna ilaihi roji'ùn".
(HR.Ad-Dailami).
-

P a n u t u p

Dawuhan Allah SWT: "Heh jalma-jalma anu iman, poma ulah harta-harta maneh jeung anak-anak maneh mopohokeun maneh tina eling ka Allah. Sing saha anu kitu, mangka jelas maranehna teh jalma anu rugi".
(QS.Al-Munafiqun:9)

Kalawan Asma Gusti Nu Agung, mangka ieu tulisan ditutup ku kecap: "al-hamdulillàhi robbil 'àlamìn".
-