Adab Nalika Wancik Sareupna


NUTUP JANDELA JEUNG PANTO SARTA WADAH DAHAREUN NALIKA WANCIK SAREUPNA


Mun geus wancik sareupna, panto jeung jandela imah tutup-tutup, sarta mun mah rek sare, pareuman seuneu jeung lampu-lampu anu tina cempor (kacuali lampu anu tina listrik), jeung tutupan wadah-wadah.

Dalilna hadits anu diriwayatkeun ku Jabir ra, Nabi Muhammad SAW pernah ngadawuh: "Nalika peuting turun (wancik sareupna), deukeut-deukeutkeun barudak ka maraneh, lantaran eta teh waktuna setan keur guntayangan. Mun mah geus aya sajamna, kakara meunang dileupaskeun deui eta barudak teh. Jeung tutup panto-panto imah maraneh bari disebut Asma Allah. Pareuman (mun rek sare) lampu-lampu maraneh bari nyebut Asma Allah. Tutup inuman (Jeung dahareun) maraneh bari nyebut Asma Allah. Tutupan oge wadah-wadah maraneh bari nyebut Asma Allah, sanajan ngan ukur dituruban ku neundeun barang di luhureunnana".

Alesan kudu nutup panto jeung jandela-jandela imah, alatan Nabi SAW ngadawuh anu diriwayatkeun ku Jabir ra: "Tutupan panto-panto aranjeun jeung sebut Asma Allah. Saestuna setan moal rek muka panto anu keur nutup".
(HR.Muslim)

Ngadawuh Ibnu Daqiq Al-'Ied: "Parentah nutup panto samemeh sare ngandung kahadean duniawi jeung ukhrowi, nyaeta ngajaga diri jeung harta ti jalma-jalma anu rek migawe jahat. Utamana mah ti syetan".

Jeung alesan kudu mareuman seuneu jeung lampu-lampu teh alatan Nabi SAW ngadawuh: "Saestuna sasatoan leutik (kayaning beurit) bisa jadi metot sumbu lampu sahingga bisa ngabinasakeun pangeusi imah".

Saur Ibnu Umar ra, yen Nabi SAW ngadawuh: "Maraneh ulah ninggalkeun seuneu anu keur hurung nalika maraneh sare".

Malah dina Kitab Ash-Shohihaini Abi Musa ra nyarioskeun, hiji imah di Madinah pernah aya nu kaduruk dina waktu peuting. Nalika kajadian eta, Nabi SAW ngadawuh: "Saestuna eta seuneu teh musuh anjeun. Mangka mun mah maraneh sare, pareuman (seuneu) ti maraneh".

Imam Al-Qurthubi ngadawuh: "Mun hiji jalma sare sosoranganan nalika seuneu masih hurung di jero imahna, mangka pareuman heula samemeh sare. Pon kitu oge mun di jero imah aya jalma leuwih ti saurang, mangka jalma anu terakhir anu maremannana. Mangka, sing saha anu ngaremehkeun kana perkara ieu, nyata-nyata manehna geus ingkar kana sunnah".

Jeung tina sabahagianana deuih nu jadi alesan kudu nutupan wadah-wadah, kulantaran Nabi SAW miwarangan, anu
unggelna: unggelna: "Tutupan wadah-wadah, jeung talian (atawa cocokan ku kai atawa gabus) eta liang-liang ceret aranjeun, alatan saestuna tina waktu nu sataun, sok aya hiji peuting anu sok turun dina eta peuting hiji panyakit, jeung moal aya anu diliwatan ku eta panyakit tina pirang-pirang wadah anu henteu ditutup liang ceret anu henteu ditalian, kacuali bakal keuna ku eta panyakit".


***