Nisfu Sya'ban

PERMASALAHAN AMALAN NISFU SYA'BAN

Nabi SAW ngadawuh: "Bulan Sya'ban teh bulan anu sok dipopohokeun ku jalma, alatan cicingna di antara bulan Rojab jeung bulan Romdon. Bulan Sya'ban nyaeta bulan diangkatna amal-amal ku Pangeran. Kaula ngarep-ngarep nalika diangkat amal-amal kaula, kaula keur dina kaayaan puasa".
(HR.Nasa'i ti Usamah).

Usamah bin Zaid naros ka Rosululloh SAW: "Ya Rosululloh, jisim abdi teu ningal salira nyeueurkeun puasa di hiji bulan, anging di bulan Sya'ban?". Ngawaler Nabi SAW: "Eta bulan sok dipopohokeun ku jalma, antara rojab jeung romdon, nyaeta bulan di mana diangkatna amal-amalan ka Pangeran Sakabeh Alam, mangka kaula ngarep-ngarep amal kaula diangkat nalika kaula keur dina kaayaan puasa".
(HR.Ahmad, Abu Dawud, Nasa'i jeung Ibnu Huzaimah)

Ti Aisyah rah: "Hiji peuting kaula kaleungitan Rosululloh SAW. Terus kaula kaluar, kasampak anjeuna keur di Baqi. Anjeuna ngadawuh: "Naha anjeun curiga yen Allah jeung Rosul-Na rek aniaya ka anjeun?". Kaula ngajawab: "Jisi abdi nyangki salira ngadongkapan garwa-garwa salira anu sanes". Terus anjeuna ngadawuh: "Saestuna Allah Azza Wa Jalla lungsur ka langit dunya dina peutingan nisfu sya'ban, jeung Anjeuna rek mere pangampura leuwih loba batan bulu domba anjing".
(HR.Tirmidzi 743. Nurutkeun sunan Tirmidzi No.119 hadits ieu dlo'if).

Diriwayatkeun ku Aisyah, Nabi SAW hiji peuting sholat, terus anjeuna sujud, lami pisan, sahingga kaula nyangki Rosululloh parantos pupus. Alatan curiga, kaula ngusikkeun curuk anjeuna, jeung nyatana masih keneh usik. Rengse tina eta sholat, Rosululloh ngadawuh: "Heh Aisyah, anjeun henteu meunang bagean?". Terus kaula ngawaler: "Henteu ya Rosululloh, jisim abdi mung mikir anu henteu-henteu, nyangki salira pupus lantaran salira sujud kacida lamina". Terus anjeuna naros: "Terang teu, ayeuna peuting naon?".
"Rosululloh anu langkung uninga".
"Peuting ieu nyaeta peutingan nisfu sya'ban. Allah merhatikeun hambana dina peuting ieu, mangka Allah ngahampura jalma anu menta ampunan, mere welas asih kanu menta welas asih jeung nyingkahkeun jalma-jalma nu dengki".
(HR.Baihaqi kalawan sanad mursal).

Nabi SAW ngadawuh ka Ali kw: "Heh Ali, sing saha anu ngalaksanakeun sholat dina maleman Nisfu Sya'ban 100 rokaat, dina tiap rokaatna maca Al-Fatihah jeung maca Qul Huwallohu Ahad 10 kali, pasti Allah nyumponan kana sagala pangabutuhna". Ali kw naros: "Ya Rosululloh, sanajan Allah parantos ngacap eta jalma kaasup golongan anu cilaka, naha Allah bakal ngarubah jadi golongan jalma anu bagja?". Diwaler ku Nabi SAW: "Demi Ruh Kaula Nu Aya Dinu Haq, heh Ali, saestuna geus ditulis di lauhil mahfudz yen fulan bin fulan diciptakeun kalawan taqdir binasa, terus Allah mupus kana eta taqdir jeung dijadikeun eta jalma golongan anu bagja".
(Dina kitab Al-Maudhuat, Imam Ibnul Jauzi ngahukuman hadits ieu maudhu/palsu, oge dina kitab Tanzihus Syariah 2/92-93, sarta dina Al-Fawaidul Majmuah 50-51).

Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh, Nabi SAW ngadawuh: "Sing saha anu sholat 12 rokaat dina maleman nisfu sya'ban, dina tiap rokaat maca qulhu 30x, manehna henteu maot anging ditembongkeun tempat diukna di sorga jeung manehna bisa mere syafa'at ka 10 anggota kulawargana anu sakabehna geus dicap asup naraka".
(Al-Jauzi dina Al-Maudhuat nganggap hadits ieu maudhu).

Diriwayatkeun ti Ibnu Umar ra, Nabi SAW ngadawuh: "Sing saha anu maca 1000 kali surat Al-Ikhlas dina 100 rokaat sholat nalika maleman Nisfu Sya'ban, manehna henteu maot, anging Allah ngutus 100 malaikat. Nu 30 di antarana ngabarkeun sorga ka manehanana. Nu 30 deui nyalametkeun manehanana tina naraka. Nu 30 deui ngajaga manehanana tina migawe kasalahan. Jeung nu 10 deui nyegah jalma anu ngamusuhan ka manehanana".
(Hadits ieu ku Ibnu Al-Jauzi dianggap maudhu/palsu).

Diriwayatkeun ku Ali bin Abi Tholib kw, ngadawuh Rosululloh SAW: "Upama datang malem
nisfu sya'ban, mangka prak sholat dina wengianana, sareng puasa di waktu
siangna. Saestuna Allah SWT lungsur nepi ka langit dunya dina waktu surup panon poe bari ngadawuh: "Mun mah aya jalma anu menta ampun, mangka ku Kami dihampura. Mun mah aya jalma anu menta rizki, mangka ku Kami dibere. Mun mah aya jalma anu gering, mangka ku Kami dicageurkeun. Mun mah aya jalma anu keuna musibah, mangka ku Kami disalametkeun. Mun mah aya jalma anu kitu anu kieu... dugi ka terbit fajar".
(HR.Ibnu Majah 1388. Nurutkeun Ibnu Hajar Asqolani dina Taqrib hadits ieu maudhu/palsu).

Aisyah rah ngadawuh: "Kaula henteu ningal Rosululloh SAW nyampurnakeun saum sabulan campleng, anging dina bulan Romdon. Jeung Kaula nyaksian, bulan anu paling seueur dianggo ku anjeuna ngalaksanakeun saum
nyaeta sya'ban. Anjeuna saum salami bulan sya'ban, anging sakedik dinten nu anjeuna henteu puasa".
(HR.Bukhori-Muslim).
-