ADEGAN THOREKAT

Eta aya 11,nu 8 ti Syekh Abdul Kholiq Fajdawani kalawan make bahasa Farsi,nu 3 ti Syekh Naqsyabandi, nyaeta:

1.HUSYDARDUM
"Ngaraksa kaluar asupna nafas tina poho hate dzikir ka Gusti Allah",
tegesna:
Dina bernafas kudu dibarengan ku dzikir khofi dina hate,lantaran mun henteu,akibatna:
- dina ngomong sok goreng jeung jorang.
- sok daek ngupat ngagorengkeun batur.
- sok ngagul-ngagul kana diri sorangan.
- dina ngomong sok dicampuran bohong.
- sok daek ngaluhuran batur.
- sok daek punta-penta.

2.NAZHORBARQODAM
"Ngaraksa paningal hate tina rurat-reret kasalian ti Allah",
tegesna:
Dina nempo kudu dibarengan ku dzikir khofi dina hate,lantaran mun henteu,akibatna:
- sok daek tumpa-tempo kana orat batur.
- henteu daek ngawates kana panempo panonna.

3.SAFARDARWATHON
"Pindah tina sifat kamanusaan kana sifat kamalaikatan",
tegesna:
Mun migawe hiji pagawean kudu dibarengan ku dzikir khofi dina hate,lantaran mun henteu,akibatna:
- sok daek ngabebanan batur.
- sok daek ngaruksak atawa ngahalangan kana maksud hade batur.
- sok daek neungteuinganan.
- koret.
- kadedemes.
- henteu daek maksakeun dina migawe kahadean.
- sok daek mawa batur kana jalan salah.
- tara daek handap asor.
- wani nembong-nembong orat.

4.KHOLWAT DARANJUMAN
"Nyumput dinu caang",
tegesna:
Mun keur aya dina gempungan,hate ulah nepi ka lesot tina dzikir khofi.

5.YADKAROD
"Ngalanggengkeun dzikir dina hate,lisan jeung anggota badan",
tegesna dina waktu,tekad,ucap jeung lampah kudu dibarengan dzikir khofi dina hate.

DINA WAKTU
Eusi waktu ku ngalaksanakeun:
- Sholat-sholat sunnat.
- Maca dzikir jeung wirid.
- Kasab nu halal.
- Mudzakaroh elmu manfaat.
- Migawe pagawean-pagawean nu manfaat boh keur diri sorangan jeung batur.
-
DINA TEKAD
Tiap-tiap rek migawe hiji pagawean,robithoh ka guru bari niat:
"Niat abdi... (sebutkeun pagaweanana) lillàhi ta'àlà,bismillàh".
- Ulah goreng sangka.
- Ulah hayang dibere,tapi mun aya nu mere,tarima,sanajan dialungkeun.
- Ulah ngunek-ngunek,keun siah-k.
- Ulah hayang batur sing sangsara atawa sing cilaka.
- Ulah hayang dipuji ku batur.
- Ngajam dina hate,rek migawe ibadah,sanajan teu kapigawe.
- Kudu ngarasa yen batur teh leuwih alus,leuwih punjul batan urang.
- Ulah aral dina kasusah.
- Kudu tumarima kana paparin.
- Kudu ngarasa diri teh bodo.
- Ulah ngabayang-bayang orat batur.
- Eusi hate salawasna ku dzikir tiap usik,malik jeung cicingna.
- Kudu hayang mere kabatur,sanajan can bisa mere.
-
DINA UCAP
Biasakeun ngomong anu hade,ulah garihal jeung ulah jorang anu matak ngahudangkeun kana birahi.
- Ulah ngomongkeun kagorengan batur.
- Ulah ngagul-ngagul diri sorangan.
- Ulah bohong.
- Kudu ngomong anu sopan.
- Ulah ngomong anu ngaluhuran batur.
- Ulah ngomong 'menta'.
- Biasakeun dina tiap waktu dzikir jeung wirid.
-
DINA LAMPAH
Nalika keur migawe hiji pagawean,barengan hate ku dzikir.
- Nalika rengse migawe hiji pagawean,koreksi pagawean nu geus dipigawe teh ku cara syukuran ku ngucapkeun "alhamdulillah" mun aya migawe pagawean anu alus,sarta tobatan ku ngucapkeun "astaghfirulloh" mun aya migawe pagawean anu goreng.
- Ulah ngabebanan batur.
- Ulah ngahalangan jeung ngaruksak kahirupan batur.
- Ulah neungteuingan.
- Ulah kedul.
- Kudu segut dina migawe kahadean.
- Ulah talangke ngaengke-engke migawe hiji pagawean nu hade.
- Kudu daek mere.
- Ulah kadedemes.
- Kudu daek maksakeun migawe pagawean hade.
- Kudu daek mawa hade ka batur.
- Kudu daek nembongkeun kahadean.
- Kudu daek nyumputkeun kagorengan.
- Ulah gumede.
- Ulah nempo jeung nembongkeun orat.
- Ulah gede ambek.

6.BARKASYAT
"Kudu ngamaksud amal jeung ibadahna kana ilahi angta maqshudi wa ridhoka mathlubi a'thini mahabbataka wa ma'rifataka",
tegesna:

1.Taqorruban ilallah, ngamaksud ka Allah dina amal jeung ibadahna.
2.Mardhotillah,
ngamaksud nyuprih karidoan Allah dina amal jeung ibadahna.

3.Mahabbah wal ma'rifah,
ngamaksud mikaresep ka Allah jeung ngamaksud diajar mengenal Allah dina amal jeung ibadah.
7.NAKAH DASYAT
"Ngaraksa hate tina Khotir Syaithoni",
tegesna henteu nurut kana pangwujuk setan seperti:
1) Ragu-ragu jeung Mangmang,eta teh cirina setan keur Ngagoda (nazghun).

2) Ngalamun,eta teh cirina setan keur Nyurup (hamazun).

3) Gumede,eta teh cirina setan keur Niupan (nafkhun).

4) Ngomong Jorang,eta teh cirina setan Keur Aya Dina Nafas (naftsun).

5) Teu daek geuwat bebersih tinu kotor atawa tina najis,eta teh cirina setan keur Marengan (hudhurun).

6) Teu Dzikir nalika erek,eukeur,jeung rengse tina dahar jeung nginum,eta teh cirina setan keur Ngerem (massun) dina rahim atawa dina dada.

7) Kokomoan dina dahar,nginum,sare jeung jima',eta teh cirina setan keur Ngaduruk Syahwat (istihwa'un).

8) Percaya kana jampe-jampe (ruqyah nu dilarang),ngukut jimat (tiwalah),ngadukun atawa dudukun atawa percaya kana sihir (tamimah),eta teh cirina setan keur reresepan (istimta).

9) Susulumputan dina migawe amal hade,eta teh cirina keur digoda ku jin qorin atas parentah setan. (waswasahun).

10) Ngahasud atawa kapangaruhan kunu ngahasud,eta teh cirina setan keur ngahasud ('uzzun).

11) Ngabohong atawa nyulayaan kana jangji,eta teh cirina setan turun (tanazzul).
12) Ngantep hate poho dzikir ka Allah,eta teh cirina setan keur mopohokeun (tho'if).

8
Yaddasat
"Madepkeun hate ka Allah (tawajuh),
tegesna dina tawajuh ulah nafas,peureumkeun panon,letah tikelkeun kana lak2an,lambey rakepkeun,teu gerak sanajan saeutik sarta eusi hate ku dzikir khofi.

9
Wukufuz Zamani
"Netepkeun waktu",
tegesna ngoreksi diri kana alus jeung gorengna amal,ti hudang sare nepi ka rek sare deui. Mun aya anu alus tina amal,susul ku Hamdalah. Mun aya nu goreng,susul ku Istighfar.

10
Wukuful Adadi
"Netepkeun bingbilangan gangsal dina dzikir",
tegesna narik dzikir Nafi-Isbat 3x dina ngamimitian dzikir jahar,sarta nutup dzikir jahar ku narik dzikir nafi-isbat 1x.

11
Wukuful Qolbi
"Nyicingkeun hate eling dzikir ka Allah",
tegesna dina migawe wirid,anggota badan nu 7 ulah nguping,nempo, ngangse,ngucap,gerak jeung tuang-leueut diluar tungtunan dina keur wirid,sarta hate ngan wungkul dieusi ku dzikir khofi.
-
ASALNA MANUSA

Manusa asalna tina mani anu disimpen dina rahim ibu,tuluy eta mani jadi getih kimpel,tuluy jadi daging kimpel,tuluy jadi tulang,tuluy dibuntel ku daging,tuluy jadi janin.

Mun eta mani tuluy2an disorot ku jamaliyahna Allah,tangtu jadi manusa. Mun tuluy2an disorot ku jalaliyahna Allah,tangtu jadi haid.

Ceuk paraji,eta mani,dina umur
1 bln ngaherang
2 bln ngalenggang
3 bln gumulung
4 bln mirupa
5 bln usik
6 bln malik
7 bln kolot
8 bln ngora
9 bln medal.

Saenggesna medal,eta orok nalika memeh nincak umur 4 bulan ditulis dina taarna takdirna.
Hadits:
Orok memeh nincak umur 4 bulan,parantos ditulis dina taarna:
1. Lilana hirup di dunyana.
2. Kahadean jeung kagorenganana.
3. Gede jeung leutik rizkina.
4. Pinter sareng bodona.

Ari asalna mani tina unsur nu 4,nu aya dina dahareun jeung inumeun. Mun dituang atawa dileueut,hampasna kaluar deui jadi kokotor,acina jadi kakuatan badan,aci ning acina jadi mani.

Ari unsur nu 4 nyaeta:
1
S e u n e u
Ruhna: Tina ruh Jinni (jin).
Watekna: Takabur (ngarasa gede).
Akibatna: Matak ngaleungitkeun amal kahadean.

2
A n g i n
Ruhna: Tina ruh Nabati (tatangkalan).
Watekna: Ujub (nangtukeun 1 perkara anu can tangtu).
Akibatna: Matak teu hasil maksud.

3
C a i
Ruhna: Tina ruh Haiwani
(sasatoan).
Watekna: Hasud (nyieun reka perdaya ameh batur ruksak).
Akibatna: Matak ngaleungitkeun barang nu geus aya.

4
T a n e u h
Ruhna: Tina ruh Jamadi (benda anu tareuas).
Watekna: Jumud (cicingeun).
Akibatna: Matak susah mikir nyiar cara kaluar tina masalah.
-

Pengertian Manaqib

Manaqib nyaeta riwayat hirupna jalma-jalma anu sholeh. Sedengkeun riwayat hirup jalma-jalma anu zholim mah teu kasebut manaqib.

Dina Al-Quran disebutkeun:
"was sàbiqùnal awwalùna minal muhhàjirìna wal angshòri wal ladzìnat taba'ù hhum bi ihsànir rodliyallòhhu 'anhhum wa rodlù 'anhhu wa a'adda lahhum jannàting tajrì tahtahhal anhhàru khòlidìna fìhhä abadà. dzàlikal fauzul 'azhìm".

"Jalma-jalma anu tiheula anu pangmimitina asup islam di antara muhajirin jeung anshor jeung jalma-jalma anu anut ka maranehna kalawan hade. Alloh ridlo ka maranehna jeung maranehna oge ridlo ka Allah, sarta Allah nyadiakeun pikeun maranehna sorga anu ngocor walungan di jerona. Maranehna abadi salawasna. Tah eta teh kamenangan anu gede".
(At-Taubat:100).

Nyata atuh, jalma-jalma anu meunang kanikmatan ti Alloh teh nyaeta jalma anu turut ka jalma-jalma anu turut ka Rosul SAW.

Tiap thorekat boga manaqibna sewang-sewang, anu sadayana ge ngarupakeun pangajaran anu mulya ka anu anutna.

Dawuhan Allah:
"Sajelasna ayana riwayat hirup para luluhur eta teh jadi pangajaran ka sakabeh manusa nu boga akal".

Dina manaqib, sok diterangkeun kaanehan-kaanehan anu gaduh eta manaqib, eta teh disebutna karomah, anu teu aya sulayana jeung kaanehan-kaanehan anu diterangkeun ku Allah dina Al-Quran.

Eta karomah teh disebut Khowariqul Adat (perkara anu aneh anu diluar kabiasaan) anu 5 perkara tea, nyaeta:
1. Irhash:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu erek jadi nabi.

2. Mu'jizat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para nabi.

3. Karomat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para wali (jalma-jalma anu anut ka para nabi).

4. Ma'unat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma mu'min biasa (jalma-jalma anu anut ka para wali).

5. Istijrod:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu fasek (jalma-jalma anu anut ka syetan).

Ieu anu 5 perkara teh, sanajan dianggap sulaya tina adat (kabiasaan), tapi mun diukur ku akal mah teu matak jadi aneh, lantaran nurutkeun katerangan Nabi SAW mah, akal teh dibagi kana 3 fungsi.

Fungsi Akal anu ka 1:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur Ma'rifat ka Allah jeung kana perkara-perkara anu datangna ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 2:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur ta'at ngalaksanakeun parentah ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 3:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur nyegah kana ma'siat anu dilarang ku Allah SWT.

Upama manusa geus bisa ngagunakeun akalna, tangtuna bae moal aya anu nolak kana pirang-pirang karomatna para wali, sarta eta akal kagolong kana "Akal Anu Sehat", anu bisa ngajadikeun sehat jasad, nyawa jeung rasana.

Pikeun ngahasilkeun eta, tangtuna bae dina ngalaksanakeun manaqib, diperlukeun tata cara nurutkeun aturan dina thorekatna masing-masing.
-

Tata Cara Jeung Adab Manaqib

TATA CARA MANAQIB

Anapon pelaksanaan Manaqib cara P.P. Suryalaya:

1. Pembukaan Jeung Majlis Du'a.

Dina pembukaan manaqib, diacarakeun Sambutan jeung Pengumuman.

Sedengkeun dina Majlis Du'a, diacarakeun pembacaan du'a:

1) Kangge kapentingan tambih-tambihna kasehatan, yuswa sareng berkah karomah Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a. (Abah Anom) salaku Mursyid Thorekat Qodiriyah Naqsyabandiyah P.P.Suryalaya.

2) Kangge kapentingan hajat penyelenggara Manaqib.

3) Kangge kapentingan hajat peserta manaqib.

4) Kangge kapentingan almarhum-almarhumah.

2. Amaliyah Manaqib:

1) Pembacaan Ayat Suci Al-Quran.

2) Pembacaan Tanbih Syekh Abdullah Mubarok bin Nur Muhamdad r.a. (Abah Anom).

3) Pembacaan Tawasul.

4) Pembacaan Manqobah Syekh Abdul Qodir Al-Jailani q.s.

5) Ceramah Manaqib.

6) Pembacaan Sholawat Bani Hasyim.
-
ADAB MANAQIB

Dina tata cara manaqib, diperlukeun adab dina ngalaksanakeunana.

Dawuhan Nabi SAW:
"Dzikrush shòlihìn kaffàrotun 'anidz dzunùbi wa 'ingda dzikrish shòlihìna tangzulur rohmatu wa tahshulul barokatu".
Hartosna:
"Nginget-nginget jalma nu sholeh teh ngifaratan tina dosa. Jeung nalika keur nginget-nginget jalma nu sholeh lungsur rohmat sarta ngahasilkeun barokah".
(HR.Ahmad-Thobroni)

Dzikrush Sholihin teh manaqib, lantaran dina manaqib aya kagiatan nginget-nginget riwayat, karomat jeung wasiatna jalma nu sholeh.

Jadi manaqib teh:
1. Alat keur nebus dosa.

2. Wadah keur nandean kucuran Rohmat.

3. Ngahasilkeun barokah.

Dawuhan Pangersa Abah (Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a.):
"Mun keur manaqib teh kudu seperti keur wukuf di Arafah".

Jadi keur ngahasilkeun nu 3 tea, kudu wukuf, nyaeta cicingna ceuli, panon, pangambung, baham, panangan, patuangan, sampean, jeung hatena tina perkara-perkara salian ka Allah SWT.

Kulantaran kitu dina manaqib, kudu make syarat.

Ari syarat manaqib nyaeta:
1. Kudu gaduh wudlu, kacuali nu nuju haid, asal ulah ngiring manaqib di lebet masjid.

2. Hadlorot ka:
1) Syekh Abdullah Mubarok Bin Nur Muhammad r.a.
(Abah Sepuh)

2) Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a.
(Abah Anom).

Kacuali nu nuju haid, cukup nginget-nginget nyiptakeun aranjeuna bae, teu kedah ngaoskeun aosan nanaon, iwalti dzikir khofi dina hate.

3. Du'a Munajat:
"ilàhì angta maqshùdì wa ridlòka mathlùbì a'thinì mahabbataka wa ma'rifataka".

4. Tawajuh, ti kawit qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

5. Kupingkeun nu maca Qur'an, Tanbih, Tawasul sareng Manqobah dugi ka rengsena. Ulah ngahajakeun ngadengekeun sora-sora anu lian salian ti aosan manaqib.

6. Peureumkeun panon ti kawit Qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

7. Atur kaluar asupna nafas diiringkeun ku dzikir khofi.

8. Teu kenging nyarios anu lain, kacuali dina ngawaler salam, ngaoskeun tawasul jeung aosan-aosan nu aya kaitanana jeung eta manaqib.

9. Mun kuat mah ulah gerak sanajan saeutik, ti kawit qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

10. Ulah tuang leueut ti kawit qur'an dibaca dugi ka diaoskeun sholawat Bani Hasyim.

11. Bacakeun Bani Hasyim 3x rengse du'a manqobah.

12. Nu jadi petugas manaqib, dina ngaoskeun Qur'an, Tanbih, Tawasul sareng Manqobah teu kenging lami-lami.
-