Nisfu Sya'ban

PERMASALAHAN AMALAN NISFU SYA'BAN

Nabi SAW ngadawuh: "Bulan Sya'ban teh bulan anu sok dipopohokeun ku jalma, alatan cicingna di antara bulan Rojab jeung bulan Romdon. Bulan Sya'ban nyaeta bulan diangkatna amal-amal ku Pangeran. Kaula ngarep-ngarep nalika diangkat amal-amal kaula, kaula keur dina kaayaan puasa".
(HR.Nasa'i ti Usamah).

Usamah bin Zaid naros ka Rosululloh SAW: "Ya Rosululloh, jisim abdi teu ningal salira nyeueurkeun puasa di hiji bulan, anging di bulan Sya'ban?". Ngawaler Nabi SAW: "Eta bulan sok dipopohokeun ku jalma, antara rojab jeung romdon, nyaeta bulan di mana diangkatna amal-amalan ka Pangeran Sakabeh Alam, mangka kaula ngarep-ngarep amal kaula diangkat nalika kaula keur dina kaayaan puasa".
(HR.Ahmad, Abu Dawud, Nasa'i jeung Ibnu Huzaimah)

Ti Aisyah rah: "Hiji peuting kaula kaleungitan Rosululloh SAW. Terus kaula kaluar, kasampak anjeuna keur di Baqi. Anjeuna ngadawuh: "Naha anjeun curiga yen Allah jeung Rosul-Na rek aniaya ka anjeun?". Kaula ngajawab: "Jisi abdi nyangki salira ngadongkapan garwa-garwa salira anu sanes". Terus anjeuna ngadawuh: "Saestuna Allah Azza Wa Jalla lungsur ka langit dunya dina peutingan nisfu sya'ban, jeung Anjeuna rek mere pangampura leuwih loba batan bulu domba anjing".
(HR.Tirmidzi 743. Nurutkeun sunan Tirmidzi No.119 hadits ieu dlo'if).

Diriwayatkeun ku Aisyah, Nabi SAW hiji peuting sholat, terus anjeuna sujud, lami pisan, sahingga kaula nyangki Rosululloh parantos pupus. Alatan curiga, kaula ngusikkeun curuk anjeuna, jeung nyatana masih keneh usik. Rengse tina eta sholat, Rosululloh ngadawuh: "Heh Aisyah, anjeun henteu meunang bagean?". Terus kaula ngawaler: "Henteu ya Rosululloh, jisim abdi mung mikir anu henteu-henteu, nyangki salira pupus lantaran salira sujud kacida lamina". Terus anjeuna naros: "Terang teu, ayeuna peuting naon?".
"Rosululloh anu langkung uninga".
"Peuting ieu nyaeta peutingan nisfu sya'ban. Allah merhatikeun hambana dina peuting ieu, mangka Allah ngahampura jalma anu menta ampunan, mere welas asih kanu menta welas asih jeung nyingkahkeun jalma-jalma nu dengki".
(HR.Baihaqi kalawan sanad mursal).

Nabi SAW ngadawuh ka Ali kw: "Heh Ali, sing saha anu ngalaksanakeun sholat dina maleman Nisfu Sya'ban 100 rokaat, dina tiap rokaatna maca Al-Fatihah jeung maca Qul Huwallohu Ahad 10 kali, pasti Allah nyumponan kana sagala pangabutuhna". Ali kw naros: "Ya Rosululloh, sanajan Allah parantos ngacap eta jalma kaasup golongan anu cilaka, naha Allah bakal ngarubah jadi golongan jalma anu bagja?". Diwaler ku Nabi SAW: "Demi Ruh Kaula Nu Aya Dinu Haq, heh Ali, saestuna geus ditulis di lauhil mahfudz yen fulan bin fulan diciptakeun kalawan taqdir binasa, terus Allah mupus kana eta taqdir jeung dijadikeun eta jalma golongan anu bagja".
(Dina kitab Al-Maudhuat, Imam Ibnul Jauzi ngahukuman hadits ieu maudhu/palsu, oge dina kitab Tanzihus Syariah 2/92-93, sarta dina Al-Fawaidul Majmuah 50-51).

Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh, Nabi SAW ngadawuh: "Sing saha anu sholat 12 rokaat dina maleman nisfu sya'ban, dina tiap rokaat maca qulhu 30x, manehna henteu maot anging ditembongkeun tempat diukna di sorga jeung manehna bisa mere syafa'at ka 10 anggota kulawargana anu sakabehna geus dicap asup naraka".
(Al-Jauzi dina Al-Maudhuat nganggap hadits ieu maudhu).

Diriwayatkeun ti Ibnu Umar ra, Nabi SAW ngadawuh: "Sing saha anu maca 1000 kali surat Al-Ikhlas dina 100 rokaat sholat nalika maleman Nisfu Sya'ban, manehna henteu maot, anging Allah ngutus 100 malaikat. Nu 30 di antarana ngabarkeun sorga ka manehanana. Nu 30 deui nyalametkeun manehanana tina naraka. Nu 30 deui ngajaga manehanana tina migawe kasalahan. Jeung nu 10 deui nyegah jalma anu ngamusuhan ka manehanana".
(Hadits ieu ku Ibnu Al-Jauzi dianggap maudhu/palsu).

Diriwayatkeun ku Ali bin Abi Tholib kw, ngadawuh Rosululloh SAW: "Upama datang malem
nisfu sya'ban, mangka prak sholat dina wengianana, sareng puasa di waktu
siangna. Saestuna Allah SWT lungsur nepi ka langit dunya dina waktu surup panon poe bari ngadawuh: "Mun mah aya jalma anu menta ampun, mangka ku Kami dihampura. Mun mah aya jalma anu menta rizki, mangka ku Kami dibere. Mun mah aya jalma anu gering, mangka ku Kami dicageurkeun. Mun mah aya jalma anu keuna musibah, mangka ku Kami disalametkeun. Mun mah aya jalma anu kitu anu kieu... dugi ka terbit fajar".
(HR.Ibnu Majah 1388. Nurutkeun Ibnu Hajar Asqolani dina Taqrib hadits ieu maudhu/palsu).

Aisyah rah ngadawuh: "Kaula henteu ningal Rosululloh SAW nyampurnakeun saum sabulan campleng, anging dina bulan Romdon. Jeung Kaula nyaksian, bulan anu paling seueur dianggo ku anjeuna ngalaksanakeun saum
nyaeta sya'ban. Anjeuna saum salami bulan sya'ban, anging sakedik dinten nu anjeuna henteu puasa".
(HR.Bukhori-Muslim).
-

Pro Jeung Kontra

Dina kitab Al-Mawahib Liddiniyah juz ka-2 hal.259, Al-Qostholani ngajelaskeun, yen para tabi'in jeung ahli Syam seperti Kholid bin Ma'dan jeung Makhul nganjurkeun sholat berjamaah di masjid dina malem nisfu sya'ban.

Dina Kitab Masa'il, Harob Al-Karmaniy nganjurkeun ngahirup-hirup maleman nisfu sya'ban kucara berjamaah di masjid, seperti anu dilakukeun ku Kholid bin Ma'dan, Luqman bin Amir jeung nu liana make pakean nu pangalusna jeung make seuseungitan. Aranjeuna ngahirup-hirup eta peuting di masjid.

Ishaq bin Rohawaih ngajelaskeun, yen ngahirup-hirup malem nisfu sya'ban di masjid kucara berjama'ah di masjid henteu bid'ah.

Nurutkeun Syekh 'Athiyah Saqor, hadits-hadits anu nerangkeun sholat berjamaah di masjid dina malem nisfu sya'ban eta lemah, tapi bisa dipake dina hal kautamaan amal, asal dilaksanakeunana bari sorangan-sorangan, henteu berjama'ah.

Sedengkeun Al-Auza'i ti Syam ngamakruhkeun sholat berjamaah di masjid dina maleman nisfu sya'ban lantaran sumberna lain ti Nabi SAW jeung oge lain ti para sahabatna, kacuali mun
sholatna sorangan-sorangan
henteu jadi makruh.

Dina kitab Al-Mausu'ah Al-Fiqhiyah juz ka-2 hal.254 disebutkeun yen jumhur ulama ngamakruhkeun ngumpul di masjid pikeun ngahirup-hirup malem nisfu sya'ban.

Nurutkeun 'Atho bin Abi Robah jeung Ibnu Malikah nganggap bid'ah ngahirup-hirup malem nisfu sya'ban kucara sholat berjamaah di masjid.

Nurutkeun Fatawa Al-Azhar juz ka 10 hal.31, sholat nisfu sya'ban sumberna lain ti Nabi SAW, tapi ti tabi'in, khususna mah ti fuqoha ahli Syam.

Pon kitu deui Al-Qodhi Abu Bakar Ibnul Arobi nerangkeun yen henteu aya hiji hadits oge anu shohih ngeunaan kautamaan malem nisfu sya'ban.

Malah Ibnu Katsir mah nyata-nyata ngadloifkeun hiji hadits anu nerangkeun yen umur manusa ditangtukeunana dina nisfu sya'ban taun eta nepi ka nisfu sya'ban taun hareup.

Anapon amalan maca yasin jeung sholat 2 rokaat bari niat menta disehatkeun, dipanjangkeun umur jeung menta rizki teu jelas dasar hukumna boh tina hadits atawa tina atsarna para sahabat.

Halna Sholat Khoir atawa Sholat Alfiyah dina maleman Nisfu Sya'ban anu 100 rokaat kalawan 10 Qulhu dina tiap-tiap rokaatna, mimiti dimasyhurkeun di Baitul Maqdis taun 448 Hijriyah, malah sholat ieu geus aya dina abad ka-3 Hijriyah, tapi
dianggap bid'ah ku
Imam Al-Muborok Furi dina kitab Tuhfatul Ahwadzi Syarh Sunan Tirmidzi 3/383, oge ku Syekh Ali Mahfudz dina Kitab Al-Ibda' Fi Mudlori Ibtida', oge ku Syekh Abdurrohman bin Ismail Al-Muqoddisi.
-

Hikmah Perbedaan Pemahaman

Tina pirang-pirang perbedaan dina pemahaman, kasimpulana gumantung kana kayakinan diri pribadi, kamana jeung rek nu mana anu bade dicepeng, da arahan mah geus aya, sanajan bid'ah-bid'ah ge, lantaran lain salah jeung benerna elmu anu bakal wushul ka Allah, tapi kayakinanana anu bakal ditampi ku Allah, da amal perbuatan hiji hamba mah, alus jeung gorengna, eta tanggung jawab dirina sorangan ka Pangerana.

Allah ngadawuh dina Hadits Qudsi anu diriwayatkeun ku Abu Hurairoh: "Ari Kami gumantung kana sangkaan hamba Kami ka Kami, sarta Kami marengan manehna nalika manehna inget ka Kami. Mun manehna inget ka Kami dina dirina, mangka Kami inget ka manehna dina diri Kami. Mun manehna inget ka Kami dina gempungan jalma, mangka Kami inget ka manehna dina gempungan anu leuwih alus batan eta. Mun manehna ngadeukeutan ka Kami sajeungkal, mangka Kami ngadeukeutan manehna sadeupa. Mun manehna datang ka Kami kucara leumpang, mangka Kami datang ka manehna kucara gagancangan".
(Hadits ditakhrij ku Ibnu Majah).

Dina hiji riwayat nu shoheh diterangkeun, yen imam Masjid Quba maca surat Al-Ikhlas dina tiap rakaat sarengsena maca fatihah, terus maca surat nu lain, mangka ma'mumna nyu'al naha surat Al-Ikhlas disadarajatkeun jeung fatihah. Eta imam kumeukeuh sarta teu daek ngarubah. Wartos didugikeun ka Rosul SAW, sarta Rosul SAW ngagero sarta naros ka eta imam. Mangka imam Masjid Quba ngawaler bari teu dibarengan ku dalil. Saurna: "Jisim abdi banget micinta kana surat Al-Ikhlas...!". Mangka Rosul SAW ngadawuh: "Cinta anjeun kana surat Al-Ikhlas bakal nganteurkeun anjeun asup ka suwarga".
(HR.Bukhori).

Malah dina hadits nu sanes Rosululloh SAW henteu ngalarang migawe perkara anu alus, sakira-kira eta perkara henteu nyulayaan kana syari'ah, sakumaha dawuhanana: "Sing saha anu ngaayakeun perkara anyar anu alus dina islam, mangka keur manehna ganjaranana jeung ganjaran jalma anu turut ka manehanana malah teu ngurangan sanajan saeutik tina ganjaranana. Jeung sing saha ngaayakeun perkara anyar anu goreng dina islam, mangka keur manehna dosana jeung dosa jalma anu turut ka manehanana, malah teu ngurangan sanajan saeutik tina dosana".
(HR.Muslim 1017, Ibnu Khuzaimah, Baihaqi, Ad-Darimiy, jeung Ibnu Hibban).

Hikmahna, Rosululloh ngajarkeun dina eta hadits supaya umat islam bisa jeung daek ngigelan zaman ku perkara-perkara anu hade anu sapagodos jeung zaman kalawan henteu kaku.

Hikmahna tina perbedaan ngajadikeun umat islam tambah teuleum dina ngaguar pengetahuan kaislaman anu banget jerona, sahingga tambah-tambah elmuna oge tambah luas pikirana dina nganyokong kayakinanana.

Wallohu A'lam
-

Maklumat Pelaksanaan Sholat Nisfu Sya'ban

Amalan Nisfu Sya'ban

SHOLAT NISFU SYA'BAN 100 ROKAAT

Dina kitab Al-Ghoniyyah Lith-Tholibi Thoriqil Haq Lisyaikhi Abdil Qodir Al-Jailani qs kaca 192
diterangkeun: "Anapon sholat anu dilaksanakeun dina maleman nisfu sya'ban nyaeta 100 rokaat kalawan 1000 kali maca Qul Huwallòhhu Ahad. Dina tiap rokaat sarengsena maca fatihah terus maca qul huwallòhu ahad 10 kali. Sholat ieu disebut Sholatul Khoir".

Diriwayatkeun ti Al-Hasan Rohimahulloh, saestuna anjeuna ngadawuh: "Geus ngabarkeun ka kaula 30 urang sahabat-sahabat Rosululloh SAW, saestuna saha-saha anu migawe sholat dina peuting ieu (maleman nisfu sya'ban), mangka Allah maparin ka maranehna 70 kali pandangan sarta Allah maparin ka maranehna dina tiap pandangan 70 kabutuhan. Paparin anu pangrendahna nyaeta ampunan Allah SWT.
-

TATA CARA SHOLAT NISFU SYA'BAN

Dilaksanakeun sacara berjamaah dina wengian nisfu sya'ban.

Waktuna:

Rengse sholat sunnat ba'da maghrib anu dilajengkeun dina ba'da isya, nyaeta susunanana sepertos kie:
1) Sholat sunnat qobla maghrib.
2) Sholat fardhu maghrib.
3) Dzikir.
4) Sholat sunnat ba'da maghrib.
5) Sholat Nisfu Sya'ban dugika lebet waktu isya.
6) Sholat sunnat qobla isya.
7) Sholat fardhu isya.
8) Sholat sunnat ba'da isya.
9) Dzikir.
10) Neraskeun sholat nisfu sya'ban dugi ka rengsena.
11) Dzikir
12) Sholat lidaf'il bala-i.
13) Khotaman.
-
Niatna:

"usholli sunnatan nisfi sya'bani rok'ataini (imàman/ma'mùman) lillàhi ta'alà allòhu akbar".
-
Rokaatna:

100 roka'at 50 kali salim (dua-dua roka'at).
-
Bacaanana:

Rengse ngaoskeun surat fatihah, diteraskeun ngaos surat Al-Ikhlas (Qulhu) 10x dina tiap-tiap roka'at.
-

Du'a Sholat Nisfu Sya'ban



"bismillàhhir rohmànir rohìm
allòhhumma yà dzal manna wa là yamunnu 'alaihhi yà dzal jalàli wal ikròmi
yà dzath thùli wal in'àmi lä ilàhha illa angta zhohhrol lajìna
wa jàrol mustajirìna wa amànal khö-ifìna.
allòhhumma ing kungta katabtanì 'ingdaka fì ummil kitàbi syaqiyan aw mahrùman aw mathrùdan aw muqtaron 'alayya fir rizqi famhu.
allòhhumma bifadlika syaqòwatì wa hirmànì wa thordì waqtàro rizqi wa atsbitnì 'ingdaka fì kitàbikal munazzali 'alà lisàni nabiyyikal mursali yamhullòhhu mà yasyä-u wa yutsbitu wa ingdahhù ummul kitàbi
ilàhhì bittajalìl a'zhomi fì lailatin nishfi ming syahri sya'bànil mukaromil latì yufroqu fìhhà kulli amrin hakìmi wa yubromu ang taksyifa 'annà minal balä-i mà na'lam wa mà là na'lamu wa mà angta bihhì a'lamu innaka angtal 'azzul akromu.
wa shollallòhhu 'alà sayyidinà muhammadiw wa àlihhi wa shohbihhì wa sallama wal hamdulillàhhi robbil 'àlamìna".

Hartosna:
"Ya Allah, Gusti anu ngabangkitkeun sareng teu aya anu sanggem ngabangkitkeun anging Anjeuna. Nun Gusti Pangeran Anu Maha Luhur sareng Agung sareng Anu Maha Murah maparin nikmat-nikmat. Henteu aya deui Pangeran anu lain anging Salira Anu Nulungan jalma-jalma anu menta pertulungan sareng ngauban jalma-jalma sarta ngamankeun tina sagala rupi anu dikhawatirkeun sareng dipikasieun. Ya Allah, upami jisim abdi parantos ditakdirkeun sagedengeun Salira dina buku azali yen jisim abdi cilaka sareng sakedik rizki, kausir sareng diharamkeun, mugi dipupus kalawan ku Kawelasan Salira. Sareng tetepkeun di sagedengeun Gusti dina buku azali eta kaayaan azal jisim abdi ku kabagjaan tur kenging rizki anu digunakeun kangge kahadean. Saestuna Salira dadawuh sareng dawuhan Salira eta nyata benerna, sakumaha anu dikandung dina Kitab Salira anu dilungsurkeun ngaliwatan lisan Nabi Salira anu diutus, nyaeta: "Dipupus ku Allah naon rupi perkara anu dikersakeun ku Salira sarta ditetepkeun ku Salira di azali". Ya Allah, ku Kaagungan Salira dina wenì nisfu sya'ban anu mulya ieu, anu misahkeun kana tiap-tiap perkara sareng urusan anu tepat jeung anu dipastikeun, hindarkeun ya Allah, jisim abdi tina musibah anu katingal jeung teu katingal ku jisim abdi, sareng nya Salira anu uninga kana eta perkara. Saestuna Salira Gusti Maha Agung tur ta Maha Murah".
-

Wejangan Pangersa Abah

Diintisarikeun kalawan bebas tina 20 Wejangan Guru Mursyid KH.A.Shohibul Wafa Tajul Arifin (Abah Anom) Sesepuh Pondok Pesantren Suryalaya Tasikmalaya
"Jalan Pikeun Ngahontal Mardhotillah"

Edisi khusus ulang tahun ka-95 PP.Suryalaya
05 September 1905-2000

Pengertian Manaqib

Manaqib nyaeta riwayat hirupna jalma-jalma anu sholeh. Sedengkeun riwayat hirup jalma-jalma anu zholim mah teu kasebut manaqib.

Dina Al-Quran disebutkeun:
"was sàbiqùnal awwalùna minal muhhàjirìna wal angshòri wal ladzìnat taba'ù hhum bi ihsànir rodliyallòhhu 'anhhum wa rodlù 'anhhu wa a'adda lahhum jannàting tajrì tahtahhal anhhàru khòlidìna fìhhä abadà. dzàlikal fauzul 'azhìm".

"Jalma-jalma anu tiheula anu pangmimitina asup islam di antara muhajirin jeung anshor jeung jalma-jalma anu anut ka maranehna kalawan hade. Alloh ridlo ka maranehna jeung maranehna oge ridlo ka Allah, sarta Allah nyadiakeun pikeun maranehna sorga anu ngocor walungan di jerona. Maranehna abadi salawasna. Tah eta teh kamenangan anu gede".
(At-Taubat:100).

Nyata atuh, jalma-jalma anu meunang kanikmatan ti Alloh teh nyaeta jalma anu turut ka jalma-jalma anu turut ka Rosul SAW.

Tiap thorekat boga manaqibna sewang-sewang, anu sadayana ge ngarupakeun pangajaran anu mulya ka anu anutna.

Dawuhan Allah:
"Sajelasna ayana riwayat hirup para luluhur eta teh jadi pangajaran ka sakabeh manusa nu boga akal".

Dina manaqib, sok diterangkeun kaanehan-kaanehan anu gaduh eta manaqib, eta teh disebutna karomah, anu teu aya sulayana jeung kaanehan-kaanehan anu diterangkeun ku Allah dina Al-Quran.

Eta karomah teh disebut Khowariqul Adat (perkara anu aneh anu diluar kabiasaan) anu 5 perkara tea, nyaeta:
1. Irhash:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu erek jadi nabi.

2. Mu'jizat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para nabi.

3. Karomat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti para wali (jalma-jalma anu anut ka para nabi).

4. Ma'unat:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma mu'min biasa (jalma-jalma anu anut ka para wali).

5. Istijrod:
Nyaeta perkara anu aneh-aneh ti jalma anu fasek (jalma-jalma anu anut ka syetan).

Ieu anu 5 perkara teh, sanajan dianggap sulaya tina adat (kabiasaan), tapi mun diukur ku akal mah teu matak jadi aneh, lantaran nurutkeun katerangan Nabi SAW mah, akal teh dibagi kana 3 fungsi.

Fungsi Akal anu ka 1:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur Ma'rifat ka Allah jeung kana perkara-perkara anu datangna ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 2:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur ta'at ngalaksanakeun parentah ti Allah SWT.

Fungsi Akal anu ka 3:
Nyaeta eta akal teh digunakeun keur nyegah kana ma'siat anu dilarang ku Allah SWT.

Upama manusa geus bisa ngagunakeun akalna, tangtuna bae moal aya anu nolak kana pirang-pirang karomatna para wali, sarta eta akal kagolong kana "Akal Anu Sehat", anu bisa ngajadikeun sehat jasad, nyawa jeung rasana.

Pikeun ngahasilkeun eta, tangtuna bae dina ngalaksanakeun manaqib, diperlukeun tata cara nurutkeun aturan dina thorekatna masing-masing.
-

Adab Manaqib

TATA CARA MANAQIB

Anapon pelaksanaan Manaqib cara P.P. Suryalaya:

1. Pembukaan Jeung Majlis Du'a.

Dina pembukaan manaqib, diacarakeun Sambutan jeung Pengumuman.

Sedengkeun dina Majlis Du'a, diacarakeun pembacaan du'a:

1) Kangge kapentingan tambih-tambihna kasehatan, yuswa sareng berkah karomah Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a. (Abah Anom) salaku Mursyid Thorekat Qodiriyah Naqsyabandiyah P.P.Suryalaya.

2) Kangge kapentingan hajat penyelenggara Manaqib.

3) Kangge kapentingan hajat peserta manaqib.

4) Kangge kapentingan almarhum-almarhumah.

2. Amaliyah Manaqib:

1) Pembacaan Ayat Suci Al-Quran.

2) Pembacaan Tanbih Syekh Abdullah Mubarok bin Nur Muhamdad r.a. (Abah Anom).

3) Pembacaan Tawasul.

4) Pembacaan Manqobah Syekh Abdul Qodir Al-Jailani q.s.

5) Ceramah Manaqib.

6) Pembacaan Sholawat Bani Hasyim.
-
ADAB MANAQIB

Dina tata cara manaqib, diperlukeun adab dina ngalaksanakeunana.

Dawuhan Nabi SAW:
"Dzikrush shòlihìn kaffàrotun 'anidz dzunùbi wa 'ingda dzikrish shòlihìna tangzulur rohmatu wa tahshulul barokatu".
Hartosna:
"Nginget-nginget jalma nu sholeh teh ngifaratan tina dosa. Jeung nalika keur nginget-nginget jalma nu sholeh lungsur rohmat sarta ngahasilkeun barokah".
(HR.Ahmad-Thobroni)

Dzikrush Sholihin teh manaqib, lantaran dina manaqib aya kagiatan nginget-nginget riwayat, karomat jeung wasiatna jalma nu sholeh.

Jadi manaqib teh:
1. Alat keur nebus dosa.

2. Wadah keur nandean kucuran Rohmat.

3. Ngahasilkeun barokah.

Dawuhan Pangersa Abah (Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a.):
"Mun keur manaqib teh kudu seperti keur wukuf di Arafah".

Jadi keur ngahasilkeun nu 3 tea, kudu wukuf, nyaeta cicingna ceuli, panon, pangambung, baham, panangan, patuangan, sampean, jeung hatena tina perkara-perkara salian ka Allah SWT.

Kulantaran kitu dina manaqib, kudu make syarat.

Ari syarat manaqib nyaeta:
1. Kudu gaduh wudlu, kacuali nu nuju haid, asal ulah ngiring manaqib di lebet masjid.

2. Hadlorot ka:
1) Syekh Abdullah Mubarok Bin Nur Muhammad r.a.
(Abah Sepuh)

2) Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin r.a.
(Abah Anom).

Kacuali nu nuju haid, cukup nginget-nginget nyiptakeun aranjeuna bae, teu kedah ngaoskeun aosan nanaon, iwalti dzikir khofi dina hate.

3. Du'a Munajat:
"ilàhì angta maqshùdì wa ridlòka mathlùbì a'thinì mahabbataka wa ma'rifataka".

4. Tawajuh, ti kawit qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

5. Kupingkeun nu maca Qur'an, Tanbih, Tawasul sareng Manqobah dugi ka rengsena. Ulah ngahajakeun ngadengekeun sora-sora anu lian salian ti aosan manaqib.

6. Peureumkeun panon ti kawit Qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

7. Atur kaluar asupna nafas diiringkeun ku dzikir khofi.

8. Teu kenging nyarios anu lain, kacuali dina ngawaler salam, ngaoskeun tawasul jeung aosan-aosan nu aya kaitanana jeung eta manaqib.

9. Mun kuat mah ulah gerak sanajan saeutik, ti kawit qur'an dibaca dugi ka sholawat Bani Hasyim.

10. Ulah tuang leueut ti kawit qur'an dibaca dugi ka diaoskeun sholawat Bani Hasyim.

11. Bacakeun Bani Hasyim 3x rengse du'a manqobah.

12. Nu jadi petugas manaqib, dina ngaoskeun Qur'an, Tanbih, Tawasul sareng Manqobah teu kenging lami-lami.
-

ADAB NGURUS OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

NGAADZANAN OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

Ti 'Ubaidulloh bin Abi Rofi', nyarioskeun ramana (Abu Rofi) ngadawuh: "Kaula kungsi nempo Rosululloh adzan dina ceulina Hasan bin Ali nalika dilahirkeun ku Fatimah".
(HR.Abu Dawud 5105, Tirmidzi 1514, jeung Baihaqi 9/305).

Eta hadits ku sabahagian golongan ulama ahli hadits sanadna dihukuman dlo'if. Pon kitu deui 2 hadits anu nga-syahidkeun eta hadits dianggap maudhu' (palsu).

Tina eta dua pandangan ngahukuman kana eta hadits jadi isyarah ti Allah SWT kangge kaum muslimin, golongan nu mana anu saluyu jeung kayakinan urang, hartina urang bebas ngayakinan kangge milih salah sahiji golongan (wallohu a'lam).
-
NGATAHNIKEUN OROK NALIKA LAHIR

Nurutkeun Kitab Fathul Bari Kitabul 'Aqiqah, Tahnik nyaeta ngalamot dahareun, gula, madu jeung sajinis ti eta tuluy diusap-usapkeun kana lalangit bahamna eta orok.

Dina Syarah Muslim Kitabul Adab, Imam Nawawi geus sapakat jeung para ulama sejenna, yen tahnik teh kaasup sunnah Nabi SAW.

Dalilna ti Abu Musa ra: "Tos dilahirkeun keur kaula orok lalaki, terus ku kaula dibawa ka Nabi SAW, anu salajengna anjeuna ngaranan eta orok Ibrohim, lajeng anjeuna ngatahnikkeun eta orok ku nuang sasiki buah kurma sarta ngadu'akeun kaberkahan keur eta orok, terus mulangkeun deui eta orok ka kaula".
(HR.Bukhori 5467 jeung Muslim 6/175).

Dina eta hadits Nabi SAW ngadu'akeun ku kaberkahan keur eta orok saba'dana eta orok ditahnik.

Dina kitab Fathul Bàri no.3909, Ibnu Hajar ra nuliskeun lafadz du'ana: "bàrokallòhhu fìhì.....(Mugi berkah Allah ka anjeuna.....)", atawa "allòhhumma bàrik fìhi.....(Ya Allah, mugi diberkahan anjeuna.....)".

Nu dimaksud berkah nurutkeun Syekh Utsaimin dina Qoulul Mufid 'Ala Kitabit Tauhid nyaeta: Tetepna Kahadean jeung Seueurna Kahadean.
-
MERE KABAR PERIHAL KELAHIRAN

Dina Kitab Tuhfah Al-Wadud - Ibnul Qoyyim Al-Jauziyyah diterangkeun sunnahna mere kabar perihal kelahiran orok nu geus dilahirkeun ka tatangga, dulur jeung karabat anu deukeut jeung anu jauh supaya bisa ngadatangkeun berkah kagumbiraan.

Malah dina sababara ayat Al-Quran, Allah SWT ngauningakeun perkara eta, anu di antarana dina surat Ash-Shofat : 101,
Adz-Dzariyat : 28,
jeung dina surat Maryam : 7.

Allah SWT ngadawuh: "Mangka Kami mere kabar gumbira kamanehna ku lahirna saurang anak anu sabar".
(Ash-Shofat:101).
-

NGA'AQIQAHKEUN OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN


AQIQAH



Istilah Aqiqah



Nurutkeun istilah, aqiqah hartina nyaeta meuncit domba keur orok dina poe ka 7 tina poe lahirna.



Dalilna Aqiqah



Nabi SAW nyare'atkeun aqiqah dina fi'il (padamelan anjeuna) jeung qoulna (ucapan anjeuna).

Dina fi'ilna, Nabi SAW ngaaqiqahkeu incuna anu nyatana Hasan sareng Husain, anu diriwayatkeun ti Abdulloh bin Abbas ra: "Saestuna Rosululloh SAW parantos nga'aqiqahkeun kangge Hasan sareng Husain (anu sewang-sewang) ku 2 kibasy".
(HR.Nasi 4219).

Aisyah rah ngadawuh: "Saestuna Rosululloh SAW tos marentahkeun ka maranehna supaya ngalaksanakeun aqiqah keur orok lalaki 2 ekor domba anu sarupa, jeung keur orok awewe saekor domba".
(HR.Tirmidzi 1513).

Ti Salman bi Amir Ad-Dhabiy, Nabi SAW ngadawuh: "Aqiqah dilaksanakeun alatan aya orok nu dilahirkeun, mangka peuncit hewan jeung leungitkeun sakabeh gangguan tina dirina eta orok".
(HR.Bukhori 5472).


Hukumna Aqiqah


Nurutkeun kaseuseueurannana ulama, aqiqah dihukuman sunnah (dijelaskeun dina Al-Muwaththa Al-Imam Malik jeung dina Syarhus Sunnah Al-Baghowi).

Tatapi Imam Hasan Al-Bashri jeung Imam Al-Laits ngahukuman wajib, anu dumasar kana hadits "kullu ghuli mim murtahanun bi 'aqiqotihi (tiap-tiap budak kagade kana aqiqahna), tegesna saurang budak katahan syafa'atna keur indung-bapana nepi ka ngalaksanakeun aqiqah.



Waktuna Aqiqah



Nurutkeun Imam Nawawi dina Majmu' Syarah Muhadzdzab 8/431, aqiqah disyareatkeun dilaksanakeun dina poe ka 7, nyaeta ti poenan dilahirkeun ditambah 6 poe kahareupna. Misalna: mun eta orok dilahirkeun poe sabtu, mangka meuncit aqiqahna poe juma'ah.

Aisyah rah sareng Imam Ahmad ra gaduh pendapat, yen aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 7, 14, jeung poe nu ka 21.

Anapon Imam Malik ra gaduh pandangan, yen aqiqah anu dikaksanakeun dina poe ka 7 ngan sakadar sunnah, jadi aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 4, 8, 10, atanapi dina poe saba'dana ti eta diwenangkeun (mubah).



Hewan Aqiqah



Anu disunnahkeun dipeuncit nyaeta domba anu sehat jeung teu cacat, oge geus nincak umurna anu disyare'atkeun ku agama.

Salian domba, hewan aqiqah ge bisa diganti ku onta atawa sapi kalawan syaratna eta unta atawa sapi tetep disyareatkeun keur saurangeun, sanes keur 7 urangeun.



Seuerna Hewan Aqiqah Nu Dipeuncit


Aisyah rah nyarioskeun Nabi SAW ngadawuh: "Aqiqahna orok lalaki 2 domba anu sarupa, jeung orok awewe 1 domba".
(HR.Ahmad 2/31, 158, 251, Tirmidzi 1513, Ibnu Majah 3163).

Saur Ibnu Abbas parantos ngadawuh Nabi SAW: "Aqiqahna Hasan jeung Husain ku hiji domba jeung hiji domba".
(HR.Abu Dawud 2841, Ibnu Jarud dina Al-Muntaqo 912, Thobroni 11/316).

Hikmahna tina eta dua hadits anu masing- masing patukang tonggong bisa jadi pelajaran, yen pikeun muslim nu gaduh orok lalaki, anu gaduh niat nyumponan syari'at Rosul ngalaksanakeun aqiqah, satekah polah nyiar usaha pikeun meuncit aqiqah ku 2 domba dina waktuna. Tapi mun dina usahana dina poe ka 7 umur orokna, ditakdirkeun ngan kapeser 1 domba, mangka eta ge tos nyumponan kana syare'atna, nu penting tos aya usahana pikeun nyumponanna.


Daging Aqiqah


Nurutkeun Ibnul Qoyyim Al-Jauziyyah dina Tuhfatul Wadud, daging aqiqah kenging dituang sabagian kunu aqiqah, jeung sabahagian deui dipasihkeun ka tatangga, faqir-miskin
jeung dituang sasarengan dina riungan aqiqah.

Oge sabahagian pendapat, dina pembagian daging aqiqah beda jeung qurban. Mun dina qurban, dagingna dibagikeun atah, mangka dina aqiqah mah dibagikeunnana dina kaayaan geus dipasak heula kunu aqiqah.

Oge aya anu gaduh pandangan, yen dina meuncit aqiqah, dina ngurusna tulang-tulah aqiqah ulah dipotong-potongkeun, maksudna ngudag kana hikmah tafa'ul (hareupan) pikeun kasalametan anggota badan orok anu di'aqiqahkeun.

Nurutkeun sabahagian ulama nu sanesna, daging aqiqah teu kenging dituang kunu aqiqah, sadayana kedah dipasihkeun kanu sanes, margi dumasar kana hadits ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).

Dina eta hadits disebatkeun kagade, hartina kudu aya alat keur nebusna atawa keur kifaratna, mangka sakur-sakur alat kifarat teu kenging dipake deui kunu ngalaksanakeun kifaratna sanajan saeutik (wallohu a'lam).



Nga'aqiqahan Diri Sorangan



Aya sagolongan nu boga paham, yen dikengingkeun nga'aqiqahan dirina sorangan mun dina waktu keur orokna teu acan di'aqiqahan, dumasar kana hadits anu diriwayatkeun ku Anas: "Rosululloh SAW nga'aqiqahan dirina sorangan saba'dana anjeuna diistrenan janten nabi".
(HR.Abdur Rozaq jeung Abu Syaikh).

Hadits ieu ditentang ku kalolobaannana ahli hadits anu ngahukuman kana ieu hadits teh dlo'f mungkar.


***

NYUKURAN BUUK OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

NYUKURAN BUUK OROK DINA POE KA 7 ATAWA DINA POENAN EQAH

Hukumna Nyukur Buuk Orok

Nurutkeun hadits Samuroh bin Jundub, nyukur buuk orok dihukuman Sunnah Mu'akkadah.

Ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).

Aturan Dina Nyukur Buuk Orok

Buuk orok kudu dicukur seep, ulah disesakeun sanajan saeutik, margi Nabi SAW parantos ngalarang nyukur buuk orok sacara Qoza', tegesna buuk orok henteu diseepkeun, ngan wungkul sabahagiannana anu dicukur.

Ibnu Umar ra ngadawuh: "Rosululloh SAW ngalarang motong buuk sacara qoza'".
(HR.Bukhori 5920, Muslim 2120).

Fatimah binti Muhammad rah nyarioskeun Nabi SAW ngadawuh: "Cukuran buuk (orok), jeung sidqoh ku perak ka jalma miskin sabeurat timbangan buukna".
(HR.Thobroni dina Mu'ajamul Kabir 1/121/2, Baihaqi 9/304)
-
MERE NGARAN KA OROK NU KAKARA DILAHIRKEUN

Ti Anas bin Malik ra, ngadawuh Nabi SAW: "Geus dilahirkeun keur kaula peuting tadi saurang budak lalaki, mangka kaula ngaranan eta orok ku ngaran bapa kaula nyaeta Ibrohim".
(HR.Muslim 7/76).

Ti Samuroh bin Jundub ra, Nabi SAW ngadawuh: "Satiap budak kagade ku aqiqahna dipeuncit keur eta budak dina poe ka 7 jeung dicukur buukna sarta dibere ngaran".
(HR.Abu Dawud 2838, Nasai 4231, Ibnu Majah 3165).
-
KASIMPULAN

Adab-adaban pikeun ngurus orok anu kakara dilahirkeun nyaeta:

1
Ngaazanan kana ceulina dina waktu eta orok kakara brol sarta geus dibersihan.

Nu ngaazanan, bisa ku bapana atawa ku lalaki nu aya di dinya. Mun teu aya lalaki, teu nanaon teu diazanan ge.

2
Ngatahnikkeun eta orok sarta didu'aan.

Mun mah kolotna eta orok geus nyiapkeun pingaraneun keur eta orok, mangka syahkeun dina waktu eta samemeh eta orok teu acan ditahnik. Mun mah geus diaranan, kakara ditahnik jeung dido'aan.

Mun mah dina waktu eta kolotna can persiapan ngaran keur eta orok, mangka diaranannana dina waktu pelaksanaan aqiqahna.

Jeung dina mere ngaranna, kudu ku ngaran anu alus sarta anu islami.

3
Mun mah eta orok geus beres ditahnik jeung didu'aan, mangka bejaan batur yen eta orok geus lahir sarta salamet.

4
Dina poe eta orok geus nincak kana 7 poena, mangka laksanakeun meuncit aqiqahna. Mun orok lalaki ku 2 domba, mun orok awewe ku 1 domba, sarta dina waktu harita dicukuran buukna jeung dibere ngaran mun mah can diaranan dina waktu ditahnik.

Mun mah dina poean ka 7 can boga dombana, mangka aqiqah bisa dilaksanakeun dina poe ka 8, 10, 14, jeung poe nu ka 21.

Mun mah nepi ka poe ka 21-na kakara boga 1 domba keur orok lalaki, mangka syah 1 ge, sarta cupar kawajibannana, asal bener-bener geus diusahakeun, teu kudu meuncit deui nyampurnakeun dina waktu nu lain. Mun mah henteu ge ngaaqiqahan alatan bener-bener teu mampu, mangka teu jadi dosa.

5
Syarat domba keur aqiqah sarua jeung syarat domba keur qurban, nyaeta kudu sehat, teu cacat jeung eta domba geus cukup umurna.

6
Daging domba aqiqah nu geus dipeuncit, usahakeun tulang-tulangna ulah dicacag, terus dagingna jeung tulangna dipasak
kunu boga eqah. Mun geus asak, kakara dibagikeun. Ngan pikeun indung jeung bapana eta orok (anu eqahna), teu meunang ngadahar daging domba anu dieqahannana.

7
Mun mah nu boga eqah kaasup jalma nu beunghar, mangka teu jadi halangan hewan keur aqiqahna tina domba diganti ku onta atawa sapi, nu penting syaratna keur saurangeun, lain keur 7 urangeun.

8
Dina waktu eqahan ge, eta orok dicukur buukna, ulah disesakeun sanajan salambar ge. Mun mah teu bisa dina waktu eta dicukuran nepi ka seep buukna, mangka bisa dina poe isukna, nu penting dina poe eqahan dilaksanakeun upacara nyukur buuk.

9
Mun mah eta orok geus dicukuran (geus dibotakan), mangka buukna timbang ku ukuran gram, terus kaluarkeun sidqoh saharga timbangan buuk eta orok ku perak atawa duit. Sidqohna bikeun ka faqir-miskin atawa ka jalma anu pantes narimana.

*****