Wudhu Samemeh Sare


WUDHU SAMEMEH SARE BISA NGAHALANGAN KANA GANGGUAN SYETAN


Diriwayatkeun ti Al-Bara' bin Azib ra, Nabi SAW ngadawuh: "Iraha bae maneh rek sare, wudhu heula sakumaha maneh rek sholat".
(HR.Bukhori)

Imam Nawawi ra ngomentaran kana ieu hadits, yen penting wudhu heula samemeh sare, lantaran mun mah salah saurang geus boga wudhu, mangka wudhuna eta teh geus nyukupan kana sucina dina sarena, sahingga moal aya kahariwangan deui kana datangna Malakal Maut nalika keur sare. Oge eta wudhu bisa ngahalangan kana gangguan syetan (jin) jeung nyingkahkeun Parasaan Sieun sarta kareuwas nalika keur sare.

Dina hiji riwayat ti Umar bin Khoththob ra, Sayyidina Umar tumaros ka Nabi SAW perihal kenging-henteuna sare dina kaayaan junub. Mangka diwaler ku Nabi SAW: "Kenging (sare dina kaayaan keur junub), mun mah maraneh boga wudhu, kakara maraneh meunang sare dina kaayaan junub".
(HR.Bukhori)

Dina Kitab Hiwar Al-Jinni Al-Muslim, Isa Daud nerangkeun, yen saestuna syetan atawa jin laluasa pisan pikeun ngaganggu jalma anu keur kaayaan:

1. Hatena henteu keur dzikir ka Allah.

2. Henteu ngucapkeun ta'udz dina prak migawe hiji pagawean.

3. Henteu boga wudhu.

4. Henteu ngumbah najis nu aya dina badanna jeung bajuna.

5. Henteu istinja nalika kiih.

6. Dina kaayaan keur junub atawa sare dina kaayaan junub.

7. Ngarasa keueung mun liwat dina hiji tempat anu sepi.

Ibnu Abbas ngariwayatkeun: "Aya 3 perkara anu moal didatangan ku malaikat, nyaeta:

1. Jalma anu junub.

2. Jalma anu mabok (alatan inum-inuman
anu ngamabokkeun).

3. Jalma anu make minyak za'faron, alatan minyak za'faron ngarupakeun seuseungitan anu biasa dipake ku awewe".

Hadits riwayat Bukhori: "Nabi SAW mun ngamaksud kulem, padahal salirana nuju junub, mangka anjeuna ngumbah larangannana teras abdas sakumaha bade netepan".

Hadits Riwayat Baihaqi: "Nabi SAW mun nuju junub lajeng ngamaksud kulem, anjeuna abdas heula atanapi tayammum".


***