Waktu-Waktu Anu Meunang Jeung Henteu Meunang Dipake Sare

WAKTU ANU HENTEU MEUNANG DIPAKE SARE

Disunnahkeun henteu sare nalika:

1) Samemeh asup waktu shubuh jeung saba'dana ti eta.

"Rasulullah SAW nalika rengse ngalaksanakeun sholat Shubuh, anjeuna salawasna calik dina tempat sholatna dugi ka terbit panon poe".
(HR.Muslim)

2) Antara ashar jeung maghrib.

Diriwayatkeun ku Ibnu Lahi'ah ti Aqil:
"Sing saha anu sare saba'dana ashar terus manehna leungit akalna, mangka ulah nyalahkeun kacuali ka dirina sorangan".

Nurutkeun sabahagian golongan hadits ieu dlo'if, jadi maranehna ngameunangkeun sare dina waktu ashar.
3) Antara maghrib jeung isya.

Nurutkeun Abu Barzah ra, Rosululloh SAW mikangewa kana sare samemeh isya jeung ngobrol sarengsena ti eta".

Ibnu Hajar nyarios: "Nabi SAW mikangewa kana sare samemeh isya lantaran bisa ngalalekeun kana sholat isya sahingga kaluar tina waktuna. Anapon ngobrol sarengsena isya anu henteu aya manfa'atna bisa ngaakibatkeun tunduh sarta kasarean nalika asup kana waktu shubuh sahingga teu ngalaksanakeun sholat peuting jeung sholat shubuh".

4) Aya perkara-perkara anu manfa'at keur kapentingan agama jeung nagara.

Ngobrol dina hal-hal anu mangfaat diwenangkeun sakumaha Nabi SAW pernah ngobrol jeung Abu bakar nepi ka tengah peuting alatan urusan anu nyangkut ka kaum muslimin.

Teu meunang melek (begadang) kacuali
keur ngobrol nyanghareupan tamu, ngaos kitab tina pirang-pirang elmu, pangaosan jeung naon-naon kagiatan nu keur ngahirup-hirup agama.

Dalilna hadits nu di luhur nyaeta Nabi SAW
kungsi ngobrol jeung Abu Bakar nepi ka tengah peuting dina urusan anu nyangkut jeung kaum muslimin.

5) Dina tungtung peuting.

Riwayat Siti Aisyah ra: Rosululloh saw gugah dina tungtung peuting, lajeng anjeuna ngalaksanakeun sholat.
(Muttafaq 'alaih).

***

WAKTU ANU MEUNANG DIPAKE SARE

Disunnahkeun sare nalika:

1) Samemeh tengah peuting.

Riwayat Siti Aisyah ra: Rosululloh SAW sare di awal peuting.
(Muttafaq 'alaih).

Ibnu Abbas ra mitutur: "Hiji waktu kaula pernah meuting di bumina bibi kaula Maimunah ngarah bisa nempo kumaha sholatna Rosululloh SAW, anjeuna ngobrol sakedap sareng garwana, terus kulem".

2) Samemeh tengah poe.

Ngadawuh Ibnu Katsir ra: "Qoylulah nyaeta
istirahat tengah poe, sanajan henteu sare".

Sahl bin Sa'ad ra ngadawuh: "Kami henteu qoylulah jeung dahar beurang kacuali sarengsena sholat juma'ah".

Ngadawuh Nabi SAW: "Prak maraneh qoylulah. Saestuna syetan henteu qoylulah".

Ibnu Hajar ngadawuh: "Qoylulah kaasup kabiasaan para sahabat unggal poena".

***