Adab Nalika Ngimpi Atawa Manggih Kareuwas Dina Waktu Keur Sare

AOSKEUN TA'AWUDZ BARI NYIDUH KA KENCA 3X SARTA NGAROBAH POSISI NGAGOLER KALAWAN HENTEU NYARITAKEUN NGIMPI GORENG KA BATUR

Mun mah nalika sare ngimpi atawa manggih kareuwas, mangka aya sababaraha adab nu kudu dipigawe, nyaeta:

Mun ngimpi goreng anu nimbulkeun kareuwas jeung kasieun, mangka:

1) Aoskeun Ta'awudz.

2) Ngaoskeun du'a panyalindungan ka Alloh ku du'a naon bae, anu di antarana du'a ieu:

اَعُوْذَ بِكَلٍِمَاتِ اللّٰهِ التَامَّةِ مِنْ غَضَبِهِ وَشَرَّ عِبَادِهِ، وَمِنْ هَمَزَاتِ الشَّيَاطِيْنِ وَاَنْ يَحْضُرُنِ - رواه اَبُوْ داود.ِ

"a'ùdzu bikalimatillàhhil tammàti min ghodlobahhu wa 'aqòbahu wa syarri 'ibàdihhi wa man hhumazàtisy syayàthìni wa ay yahdlurùna".

Hartosna: "Kaula nyalindung kalawan kalimat Alloh anu sampurna tina murkana jeung kajahatannana hamba-hambaNa, jeung tina godaan syetan jeung supaya maranehna henteu datang kahareupeun kaula".
(HR.Abu Dawud)

3) Geuwat nyiduh ka kenca 3x sanajan ngan wungkul isyarah.

Ti Abdulloh bin Abu Qotadah sayaktosna Nabi SAW ngadawuh: "Ngimpi nu alus ti Alloh, sedengkeun ngimpi nu goreng ti syetan, mangka mun salah saurang di antara maraneh ngimpi goreng, geuwat nyiduh kaarah kenca sarta suhunkeun panyalindungan ka Allah tina kagorengannana. Saestuna eta perkara moal ngamodorotkeun ka manehna".

4) Robah posisi ngagolerna, nu penting henteu nangkuban.

Disebutkeun dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Muslim, upamana mun manggih ngimpi nu goreng, mangka rubah posisi sarena tina samemehna atawa hudang terus sholat mun daek.

5) Ulah nyaritakeun ngimpina ka batur, sanajan ngimpina teh alus atawa goreng, kacuali ka Guru atawa ka jalma anu bisa dipercaya nyepeng rusiah.

***