8
Daek ngomongkeun hiji perkara anu bohong.

Dawuhan Nabi SAW: "Cilaka ka jalma anu nyarita ka hiji kaum perkara carita bohong".
(HR.Abu Dawud jeung Ahmad).

9
Daek males nyaci jeung ngahina ka jalma anu nyaci jeung ngahina.

Ngadawuh Nabi SAW: "Mun aya jalma anu nyaci jeung ngahina maneh kana naon anu dikanyahokeun dina diri maneh, mangka ulah maneh males nyaci jeung ngahina kana naon anu ku maneh dikanyahokeun dina dirina, lantaran ganjarananan keur maneh jeung kacilakaan keur eta jalma".
(HR.Ad-Dailami)

10
Daek ngaluli-luli hiji perkara tina urusan agama keur kapentingan kadunyaan.

Ngadawuh Nabi SAW: "Henteu aya manusa ngaluli-luli tina urusan agama keur kapentingan dunya maranehna, kacuali Allah nimbulkeun keur maranehna perkara-perkara anu leuwih ngabahayakeun maranehna".
(HR.Ahmad).

11
Sumpah anu teu nyebut Asma Allah atawa eta sumpah teu dilaksanakeun sakumaha mistina.

Dawuhan Nabi SAW: "Ulah sumpah kacuali ku Asma Allah. Sing saha anu sumpah ku Asma Allah, manehna kudu jujur (bener). Sing saha anu disumpah ku Asma Allah, manehna kudu narima. Mun teu daek narima, mangka pegat manehna tina pertulungan ti Allah".
(HR.Ibnu Majah jeung Ath-Thusi).

12
Lalaki anu keuna ku panggoda awewe jeung awewe keuna ku panggoda lalaki.

Dawuhan Nabi SAW: Unggal rek datang isuk-isuk, dua malaikat ngagero: "Cilaka lalaki tina godaan awewe, jeung cilaka awewe tina godaan lalaki".
(HR.Ibnu Majah jeung Hakim).

Jadi jelas, tina sakabeh katerangan, eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya teh sumberna mah tina tapak pagawean dirina sorangan.

Ngadawuh Allah SWT: "Jeung naon bae anu tumiba ka maneh, eta teh disebabkeun ku pagawean leungeun maneh sorangan".
(Q.S.Asy-Syùro:30).

Jeung kanyahokeun, ari kasusah eta teh awal tina kabungah, lantaran susah jeung bungah teh eta keneh-eta keneh, ngahiji teu misah. Ngan eta kasusah moal jadi kabungah mun henteu dibarengan ku sabar dina kasusahanna.

Dawuhan Nabi SAW:
"Kaberhasilan ngan bisa diajul ku kasabaran. Kabungahan eta bareng jeung kasusahan. Jeung datangna kahesean bareng jeung kagampilan".
(HR.Tirmidzi)

Kulantaran kitu, mun mah datang kasusah mangka kudu daek sabar dina nandangannana, nyaeta kucara ngalobakeun "istighfar" jeung maca "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm", sangkan didatangkeun ku Allah rizki jeung kabungahna. Ngarah eta rizki jeung kabungahna awet karasana, mangka dina mimiti narima rizki jeung kabungah, kudu dimimitian ku "tahmid" nyaeta letah ngucapkeun "alhamdulillàh" dibarengan ku hate anu dzikir inget ka Allah. Pon kitu deui nalika mimiti narima kasusah mangka kudu dimimitian ku sabar, nyaeta letah ngucapkeun "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm" anu dibarengan ku hate dzikir eling ka Allah SWT.

Dawuhan Nabi SAW:
"Sing saha anu dipaparin ku Allah kanikmatan, mangka manehna kudu "tahmid" ka Allah. Jeung sing saha anu ngarasa ditelatkeun rizkina, mangka manehna kudu "istighfar" ka Allah. Sing saha meunang kasusahan dina hiji masalah, mangka kudu ngucapkeun "là haula wa là quwwata illà billàhil 'aliyyil 'azhìm".
(HR.Baihaqi jeung Ar-Robì).

Oge dawuhanana deui:
"Sabar anu sabenerna nyaeta nalika ngamimitian ditibanan musibah ".
(HR.Bukhori).

Mun mah kasusahna ku cara sabar jeung istighfar teu leungit tina dirina dina waktu-waktu harita, mangka saestuna Allah ngersakeun sabar jeung istighfarna jadi tetebus tina dosana.

Dawuhan Nabi SAW:
"Henteu aya saurang mu'min anu ditibanan rasa nyeri, kacapean, kaserang panyakit atawa kasedihan (kasusahan) nepika ngan ukur cucuk anu nyugak (kana awakna), anging kalawan eta Allah mupus kana dosa-dosana".
(HR.Bukhori).

Dawuhanana deui:
"Saestuna di antara dosa-dosa aya anu henteu bisa dihapus (ditebus) ku ganjaran sholat, shodaqoh atawa haji, mung iwalti ditebus ku kahese-capean dina nyiar nafkah".
(HR.Thobroni).

Jeung ulah ngarasa kaduhung nampa hiji kasusah alatan disebabkeun geus migawe hiji pagawean anu nimbulkeun eta kasusah.

Dawuhan Nabi SAW: Mun mah ditibanan musibah, ulah nyarita: "Oh, mun mah kuring tadi migawe nu eta, tangtu kajadianana kieu jeung kitu", tapi kuduna mah ucapkeun: "Ieu takdir ti Allah. Jeung naon bae anu bade dikersakeun ku Allah, tangtu dipidamel ku Anjeuna. Kanyahokeun, saestuna ucapan 'Mun Mah' jeung 'Lamun', eta teh muka kasempetan asupna syetan.
(HR.Muslim).

Kulantaran kitu, pikeun ngajaga diri tina eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya, mangka pikeun nolakna diperlukeun du'a-du'a jeung kasabaran, sakumaha dawuhan Nabi SAW: "Henteu aya hiji perkara anu bisa nolak kana taqdir iwalti du'a, jeung heunteu aya anu bisa nambah kana umur iwalti amal kahadean".
(HR.Tirmidzi jeung Hakim).

Dawuhanana deui: "Henteu aya salah saurang ngadu'a ka Allah ku hiji du'a, anging dikobul ku Allah sarta manehna meunang salah sahiji tina 3 perkara, nyaeta: 1) Digancangkeun dikobul du'ana di dunya. 2) atawa disimpen ku Allah keur manehna di akherat. 3) atawa diganti ku nyegah tina musibah anu sarupa".
(HR.Thobroni).

Sareng dawuhanana deui: "Jalma anu bagja nyaeta jalma anu dijauhkeun tina fitnah-fitnah. Jeung jalma mun keuna ujian jeung cobaan manehna sabar".
(HR.Ahmad jeung Abu Dawud).

Mangka lamun mah letah ngucapkeun lafadz-lafadz du'a ka Allah, mangka hate kudu dibarengan elingna hate dzikir ka Allah.

Dawuhan Nabi SAW: "Candak kasempetan ngadu'a nalika hate keur dina kaayaan lemah-lembut, lantaran eta teh Rohmat".
(HR.Ad-Dailami).