KASUSAH, KASEDIH, SANGSARA, UJIAN, MUSIBAH, CILAKA JEUNG BAHAYA

Bubuka

Bismillàhir Rohmànir Rohìm

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem anu sagemblengna eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.

Sholawat sarta salam anu utami, muga tetep ka pangafdhol-afdholna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat ka sadayana alam.

Oge ka kulawargina sareng ka sadayana sahabat, sareng ka sadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun sareng dipaparin pirang-pirang karomat.
(Amma Ba'du)
-
Mangka saestuna, sapanjang manusa kumelendang hirup di alam dunya moal leupas tina pirang-pirang masalah, kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya.

Tulisan ieu sanes bade ngamaksud ngaguruan, mung sakadar sumbangsih sim kuring ka saha bae anu ngamaksud sae dina sasarengan diajar agama.

Mugi, ku widi Gusti Nu Agung, sadaya nu ngaos kana ieu tulisan, ditambih-tambih kasaeanana di dunya sarta kenging pertulungan Allah SWT di akherat.

Garut, 24 Robi'ul Awal 1431 H / 10 Maret 2010 M.
-

Mangka kanyahokeun, ari sabahagiannana tina sabab-sabab datangna eta kasusah, kasedih, kasangsaraan, ujian, musibah, kacilakaan jeung bahaya, bisa jadi alatan tina pagawean-pagawean anu seperti kieu:

1
Kurangna amal kahadean.

Dawuhan Nabi SAW: "Saurang anu kurang amalan-amalanana, mangka Allah bakal nibankeun ka manehna ka ruwet jeung kasedihan".
(HR.Ahmad).

2
Sok nganggap enteng kana unjak-anjuk.

Ngadawuh Nabi SAW: "Sing ati-ati dina ngahutang (nganjuk). Saestuna ngahutang eta teh ngarupakeun kasedihan dina waktu peuting jeung ngarasa rendah diri (hina) dina waktu beurang".
(HR.Ibnu Babawih jeung Baihaqi).

3
Sok daek nurutkeun syahwat.

Dawuhan Nabi SAW: "Bisa jadi ngalampiaskeun nafsu syahwat sakeudeung ngaakibatkeun kanalangsaan anu lila".
(HR.Baihaqi).

4
Henteu ngarasa sedih mun inget dosa, hate anu teu daek dzikir ka Allah, leuwih mentingkeun urusan dunya daripada ibadah ka Allah jeung alatan ngulang-ngulang kana kasalahan, sahingga eta jadi tanda meunang kasangsaraan.

Saur Nabi SAW: "Di antara tanda-tanda kasangsaraan nyaeta panon anu beku, hate anu jahat, jeung kaleuwihan dina muru kasenangan dunya, sarta jalma anu terus-terusan migawe dosa".
(HR.Hakim).

5
Sok ngarasa bungah mun batur meunang kasusah.

Nabi SAW ngajarkeun ka umatna: "Mun salah saurang nempo jalma anu cacat, terus ngomong dina hatena: "Sadaya puji eta kagungan Allah anu parantos nyalametkeun abdi tina naon anu diujikeun ku Allah ka manehna sarta ngaleuwihkeun abdi ku leuwih sampura batan makhluk sejenna".
(HR.Abu Dawud).

6
Sok daek ngahina, ngomongkeun goreng, atawa alatan ngantep teu mere nasehat ku cara naon bae ka jalma anu migawe dosa jeung kasalahan.

Nabi SAW ngadawuh: "Pagawean dosa bisa ngaakibatkeun sial ka batur, lamun manehna nyela mangka bisa kakeunaan ujian. Mun ngupat mangka manehna meunang dosa. Jeung mun manehna cicing teu upaya mere nasehat, mangka saolah-olah manehna ngilu migawe eta dosa".
(HR.Ad-Dailami).

Malah dawuhanana deui: "Ulah nembongkeun kagumbiraan dina kasusahan dulur maneh, niscaya Allah bakal nyalametkeun dulurna sarta bakal nibankeun (musibah) ka maneh".
(HR.Ath-Thusi jeung Tirmidzi).

7
Letah loba dzikir ka Allah, tapi pagawean badanna migawe ma'siat terus.

Dawuhan Nabi SAW: "Cilaka jalma anu loba dzikrulloh ku letahna tapi ma'siat ka Allah ku lalampahanana".
(HR.Ad-Dailami).