Syukuran

WAJIBNA SYUKURAN

Syukuran ka Allah ngarupakeun hal anu wajib hukumna nalika aya ti salah saurang jalma kenging nikmat atawa pendak jeung kabungah atawa disalametkeun ku Alloh tina musibah.

Anapon dina ngungkapkeun rasa syukur eta bisa ku rupa-rupa cara, anu di antarana parantos dicontoan ku Rosululloh saw sareng ku para Ahli Baitna, nyaeta kucara sholat, sujud, maca ayat-ayat Al-Quran, sarta ngadu'a ka Alloh Ta'ala.

Allah 'Azza Wa Jalla ngadawuh:

لَئِن شَكَرْتُمْ لأَزِيدَنَّكُمْ وَلَئِن كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيد

la-ing syakar tum la-a zìdan nakum wa la-ing kafar tum inna 'adzà bì lasyadìd

"Mun maraneh nembongkeun rasa syukur, tumarima kana sagala pamere ti Kami bari teu petot maraneh tumarimana kalawan karumasaan, mangka wajib Kami nambahan kana eta nikmat. Sabalikna, upama maraneh ngamomorekeun kana eta nikmat, mangka Kami bakal nyiksa ka maraneh ku kapeurih anu kacida bangetna".
(QS.Ibrohim:7)

Abi Bakroh ra ngadawuh: "Manakala Nabi saw pendak jeung kabungah, anjeuna tunduk sujud salaku tanda rasa syukur anjeuna ka Allah".
(HR.Imam anu 5 kacuali Nasa'i)

Nurutkeun Imam Syaukani, anu dimaksud nikmat (nu kudu disyukuran ku sholat atawa sujud syukur) teh nyaeta nikmat anu anyar anu acan kungsi kaalaman samemehna, alatan anu ngarana nikmat Allah eta henteu pernah eureun dilungsurkeun ku Allah ka sakabeh makhluk dina sakabeh waktuna, sahingga Nabi saw henteu ngalakukeum sujud syukur kacuali tina nikmat anu anyar datang, anu teu acan kaalaman ku anjeuna samemehna, supaya umur henteu beak ngan wungkul ngalaksanakeun sujud syukur.
-

Syukuran Tina Sudut Pandang Thoriqot

PANDANGAN MURSYID TQN SURYALAYA DINA MASALAH SYUKURAN

Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin (Abah Anom), salaku Mursyid Thoriqot Qodiriyah Naqsyabandiyah Suryalaya, parantos maparin amanat dina ping 15 Agustus 1970 M/12
Jumadil Akhir 1390 khususna kangge murid-muridna, anu eta amanat di antarana tiasa
disimpulkeun, yen dina ngabuktikeun rasa syukur ka Allah,
mangka kudu:

1. Ngadu'a ka Alloh supaya Alloh henteu ngaluarkeun urang tina jama'ah syukur, sarta ditetepkeun ku Allah iman jeung islam, sarta disalametkeun dunya jeung akherat.

2. Tiap-tiap kajadian anu tumiba kasalira urang, eta kudu dipieling (mun tiasa mah diperingati tiap tauna), ngarah teu kasebut jalma anu poho kana purwadaksi.

3) Sagala paparin Alloh anu alit anu ageung, eta sadaya anugrah Alloh anu heunteu meunang dipopohokeun, sarta wajib disyukuran, ngarah teu jadi mamala, sakumaha dawuhan Allah dina Al-Quran Surat Ibrohim ayat 7 di luhur.

4. Sagala kabungah eta datangna tina hasil tumarima kana paparin. Sabalikna sagala kasusah eta teh datang tina teu tumarimana kana naon anu geus dipaparinkeun ku Alloh Ta'ala.

5. Pikeun para mubaligh TQN Suryalaya:

1) Dina tempat pangaosan, ajak jamaah dina suasana mieling kana nikmat ti Allah Ta'ala ku cara syukuran.

2) Bimbing jama'ah dina tiap-tiap riungan sina enya-enya ngarasakeun tumarima ka Allah tina sagala anugrah.

3) Buktikeun rasa syukur teh ku sujud syukur dibarengan ku bacaan jeung du'a atawa kungaoskeun surat-surat Al-Quran.

4) Dina ngabuktikeun rasa syukur, dina acara manaqiban jeung khotaman, boh dina waktu samemehna atawa saba'dana, kedah
ngalaksanakeun:

⑴ Sujud Syukur.

⑵ Ngadu'a ka Allah kucara:
① Nyuhunkeun ulah dikaluarkeun tina jama'ah syukur.
② Nyuhunkeun ditetepkeun dina kaislaman jeung kaimanan ka Alloh Ta'ala.
③ Nyuhunkeun disalametkeun dunya jeung akherat.

⑶ Ngaoskeun surat-surat Al-Quran atawa kucara tawasulan.
-

Sholat Syukur

PERTINGKAHNA SHOLAT SYUKUR

Pikeun ngungkapkeun rasa syukur ka Allah eta di antarana kucara sholat, nyaeta anu disebut Sholat Syukur atawa Sholat Syukrun Ni'mat.

Dina TQN Suryalaya, amalan sholat syukur didawamkeun unggal dinten tiap ba'da maghrib sarengsena dzikir, khotaman, sholat ba'da maghrib, awwabin, taubat, birrul walidaini, sareng hifdzil iman.

Dina Kitab Mafatihul Jinan, sholat syukur ieu dilakukeun 2 roka'at, anu niatna ngauningakeun rasa syukur ka Allah Ta'ala.

Tata Carana:

Aosanana ba'da fatihah dina roka'at kahiji ngaoskeun surat Al-ikhlas, jeung dina roka'at kadua ba'da fatihah ngaoskeun surat Al-Kafirun.

Ruku' jeung sujud dina rakaat kahiji ba'da ngaos tasbih maca:

اَلْحَمْدُ للهِ شُكْرًا شُكْرًا وَحَمْدًا حَمْدًا

alhamdulillàhhi syukron-syukron wa hamdan-hamdan

"Sadaya puji eta kagungan Alloh, nuhun-nuhun, sae-sae".

Ruku' jeung sujud dina rokaat kadua saba'dana ngaos tasbeh eta maca:

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي اسْـتَجَابَ دُعَآئِي وَاَعْطَانِي مَسْأَلَتِي

alhamdulillàhil ladzì istajàba du'ä-ì wa a'thònì mas-alatì

"Sadaya puji eta kagungan Alloh anu parantos ngaijabah du'a abdi sarta maparin naon anu dipikahoyong ku abdi".
-

Sujud Syukur

PERTINGKAHNA SUJUD SYUKUR

Sujud syukur hukumna sunnah dilakukeun di luar sholat sarengsena ngalaksanakeun ibadah, atawa nalika panggih jeung kabungah, atawa nalika leupas tina kabingung jeung kasusah.

RUKUN SUJUD SYUKUR

Nurutkeun sagolongan ulama seperti Ibnu Taimiyah sareng Imam Syaukani dina Nilul Author 3/129 jeung Al-Bahru Az-Zakhor 1/128, henteu aya syareatna dina sujud syukur aya takbir, tasyahud jeung salam.

Nurutkeun Ibnu Taimaiyah, mun mah aya takbir, tasyahud jeung salam dina sujud syukur, eta mah sakadar ijtihad eta ulama anu diqiaskeun kana sholat.

Nurutkeun seuseueurna ulama, rukun dina sujud syukur eta aya 4 perkara, nyaeta:

1. Niat.

2. Takbirotul ikhrom, kucara ngucapkeun "allòhhu akbar".

3. Sujud sakali.

4. Salam sarengsena sujud, kucara ngucapkeun "assalàmu 'alaikum wa rohmatullòh".


SYARAT SYAH SUJUD SYUKUR

Anapon syarat syahna sujud syukur, eta aya 4 perkara:

1) Suci tina 2 hadats, tegesna gaduh wudlu sarta henteu dina kaayan junub.

2) Suci tina najis, tegesna suci badana, baju jeung tempatna.

3) Nutup aurot.

4) Nyanghareup kiblat.

BACAAN SUJUD SYUKUR

Nurutkeun Imam Syaukani, dina nalika keur sujud syukur, henteu aya disyareatkeun bacaan anu khusus, iwalti ngungkapkeun rasa syukur ka Allah tina nikmat anu katampi.

Dina Kitab Mafatihul Jinan, dina nalika keur sujud ngaoskeun du'a:

سُبْحَانَكَ اَللَّهُمَّ اَنْت
َ رَبِّي حَقَّا حَقَّا، سَجَدْتُ لَكَ يَارَبِّ تَعَبُّدًا وَرِقًّا. اَللَّهُمَّ اِنَّ عَمَلِي ضَعِيْفٌ فَضَاعِفْ لِي.
اَللَّهُمَّ قِنِي عَذَابَكَ يَوْمَ
تُبْعَثُ عِبَادُكَ وَتُبْ عَلَيَّ اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ.

subhànaka allòhhumma angta robbì haqqon haqqò, sajadtu laka yà robbi ta'abudaw wa riqò, allòhhumma inna 'amalì dlò'ìfum fadlò'ifu lì, allòhhumma qinì 'adzàbaka
wa tub 'alayya yawma tub'atsu 'ibàdika wa tub 'alayya innaka angtat tawwàbur rohìm

Hartosna: "Maha Suci Salira Gusti, ya Alloh. Salira Gusti sabenerna anu jadi Pangeran. Abdi Gusti seja sumujud ka Salira Gusti, Nun Gusti Pangeran abdi salaku pangabdian sareng penghambaan. Ya Alloh, saestuna amal abdi eta lemah, kumargi kitu tikelkeun ganjaranana kangge abdi Gusti. Ya Alloh, salametkeun jisim abdi tina siksa Gusti dina dintenan hamba-hamba Salira Gusti dibangkitkeun, mugi tampi tobat abdi. Saestuna Salira Gusti Anu Maha Nampi kana tobat tur ta Maha Welas".

Atawa ngaos:

شُكْرًا شُكْرًا

syukron-syukron (100x)

Atawa tina sagolonganana deui ulama dina sujud syukurna sok ngaoskeun:

subhànallòhhu wal hamdulillàhhi wa là ilàhha illallòhhu wallòhhu akbar

"Maha Suci Allah sareng Maha Terpuji Allah henteu aya Pangeran anging Allah Allah Anu Agung".
-

Lembar Amanat Syekh Mursyid

Dina Kaping 15 Agustus 1970 M/12 Jumadil Akhir 1390 H